Dimana langit ? Naon langit ? Minggu ieu ahli2 astronomi manggihan 'Bintang
anyar" ...Cahayana kakara nepi ka bumi urang ayeuna..padahal eta bintang
ngajelegur tos lila pisan nyaeta "34 milyard tahun cahaya yang lalu".
Kacepetan cahaya 300.000 km/detik, bayang keun 1 taun cahaya, bayangkeun 1
milyard taun cahaya , bayangkeun eta bintang 34 milyard taun cahaya. Tah
dimana bates langit ari kitu.pasti leuwih guueedeee..piiiiisan....
Allahuakbar.

On 5/11/09, ua duq <dudi.herlia...@gmail.com> wrote:
>
>
>
> bade liwar punten..
>
> sagala di dunya teh berpasangan cenah. naha enya? naha enya langit
> pasanganna bumi, naha enya katuhu pasangana kanan (sanes kenca! :) )? istri
> pameget, caang poek, katingali jeung buni? cek kuring mah cara mikir model
> kieu teh pikiruheun. berpasangan biasana ukur dua, leuwih ti dua teu diaku.
> sabab aya nu teu langit teu bumi aya nu nya langit nya bumi, teu katuhu teu
> kanan nya katuhu nya kanan, teu istri teu pameget nya istri nya pameget, teu
> caang teu poek nya caang nya poek, teu katingali teu buni nya katingali nya
> buni (elmu pamungkas bangsa sunda nu ieu mah haha). pan diantara hideung
> jeung bodas aya warna tanpa bilangan. antara langit jeung bumi... ngaleuya
> rohangan-rohangan (ngomongkeun langit kuring bingung, di mana? naha di
> luhureun hulu atawa di handapeun dampal suku?).antara awewe jeung lalaki aya
> banci jeung bencong, homo jeung lesbian. najan aya nu teu ngaku, tapi teu
> bisa dipungkir, realitasna, model-model kitu teh aya. atawa memang nu kitu
> mah kudu dipaehan? dieuweuhkeun?
>
> lieur kuring
>
> 2009/5/11 astrajingga hendian <astrajingg...@yahoo.com>
>
> Sadayana anu diciptakeun kenging Gusti Allah teh pan saling berpasangan.
> aya luhur aya handap, aya kanan aya katuhu, aya istri aya pameget, aya
> langit aya bumi, aya ca'ang aya poek, aya nu katingali jeung aya nu buni,
> aya lahir jeung aya bathin,  Jeung aya Majaji aya nu Hakiki,  jeung aya
> Syareat dan Hakikat. Jeung sajabana2..
>>
>> ___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> uaduq.co.cc
>
>  
>

Reply via email to