bade liwar punten..

sagala di dunya teh berpasangan cenah. naha enya? naha enya langit
pasanganna bumi, naha enya katuhu pasangana kanan (sanes kenca! :) )? istri
pameget, caang poek, katingali jeung buni? cek kuring mah cara mikir model
kieu teh pikiruheun. berpasangan biasana ukur dua, leuwih ti dua teu diaku.
sabab aya nu teu langit teu bumi aya nu nya langit nya bumi, teu katuhu teu
kanan nya katuhu nya kanan, teu istri teu pameget nya istri nya pameget, teu
caang teu poek nya caang nya poek, teu katingali teu buni nya katingali nya
buni (elmu pamungkas bangsa sunda nu ieu mah haha). pan diantara hideung
jeung bodas aya warna tanpa bilangan. antara langit jeung bumi... ngaleuya
rohangan-rohangan (ngomongkeun langit kuring bingung, di mana? naha di
luhureun hulu atawa di handapeun dampal suku?).antara awewe jeung lalaki aya
banci jeung bencong, homo jeung lesbian. najan aya nu teu ngaku, tapi teu
bisa dipungkir, realitasna, model-model kitu teh aya. atawa memang nu kitu
mah kudu dipaehan? dieuweuhkeun?

lieur kuring

2009/5/11 astrajingga hendian <astrajingg...@yahoo.com>

Sadayana anu diciptakeun kenging Gusti Allah teh pan saling berpasangan. aya
luhur aya handap, aya kanan aya katuhu, aya istri aya pameget, aya langit
aya bumi, aya ca'ang aya poek, aya nu katingali jeung aya nu buni, aya lahir
jeung aya bathin,  Jeung aya Majaji aya nu Hakiki,  jeung aya Syareat dan
Hakikat. Jeung sajabana2..
>
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke