Ngiringan ah... meungpeung enjing keneh, etang-etang mumuluk heheheh...
Kang Adit, pan Uwa mah, sok disebat Uwa Istri sareng Uwa Pameget tea...
Kang Ndud, moal nya ari kudu di-Ctrl-Alt-Del mah? teunteuingeun...
Pan ayeuna nuju usum di Global TV aya B-a-Man (Bi Emen, istrina Mang Emen 
hihiiiw).
Salian ti bodor, sae ieu acara teh ngumahakeun carana supados eta para bences 
teh janten lalaki nu sajati, tapi aya hanjakalna kalahka dijadikeun "bahan 
objekeun" kabencesanana.

ro2

>>> rotan...@yahoo.com 05/11/09 05:56PM >>>

Uwa jeung Panon poe nu euweuh pasanganana mah. 
Bibi jeung emang, adi lanceuk, ari uwa? bulan jeung bentang, beurang jeung 
peuting, ari panon poe?
berarti panon poe jeung uwa pasanganna. :-P

-AG-







From: ua duq <dudi.herlia...@gmail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, May 11, 2009 4:59:14 PM
Subject: [Urang Sunda] papasangan


bade liwar punten..

sagala di dunya teh berpasangan cenah. naha enya? naha enya langit pasanganna 
bumi, naha enya katuhu pasangana kanan (sanes kenca! :) )? istri pameget, caang 
poek, katingali jeung buni? cek kuring mah cara mikir model kieu teh 
pikiruheun. berpasangan biasana ukur dua, leuwih ti dua teu diaku. sabab aya nu 
teu langit teu bumi aya nu nya langit nya bumi, teu katuhu teu kanan nya katuhu 
nya kanan, teu istri teu pameget nya istri nya pameget, teu caang teu poek nya 
caang nya poek, teu katingali teu buni nya katingali nya buni (elmu pamungkas 
bangsa sunda nu ieu mah haha). pan diantara hideung jeung bodas aya warna tanpa 
bilangan. antara langit jeung bumi... ngaleuya rohangan-rohangan (ngomongkeun 
langit kuring bingung, di mana? naha di luhureun hulu atawa di handapeun dampal 
suku?).antara awewe jeung lalaki aya banci jeung bencong, homo jeung lesbian. 
najan aya nu teu ngaku, tapi teu bisa dipungkir, realitasna, model-model kitu 
teh aya. atawa memang nu kitu mah kudu dipaehan? dieuweuhkeun?

lieur kuring


2009/5/11 astrajingga hendian <astrajingga19@ yahoo.com>

Sadayana anu diciptakeun kenging Gusti Allah teh pan saling berpasangan. aya 
luhur aya handap, aya kanan aya katuhu, aya istri aya pameget, aya langit aya 
bumi, aya ca'ang aya poek, aya nu katingali jeung aya nu buni, aya lahir jeung 
aya bathin,  Jeung aya Majaji aya nu Hakiki,  jeung aya Syareat dan Hakikat. 
Jeung sajabana2.. 
___



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke