Tina hiji jihat mah asana memang surelek Prita teh rada bombastis, wajar meureun da ngarasa ditandasa tea. Tapi, anu leuwih rame mah sual UU ITE-na nya? Gara2 ieu, kejaksaan ge riweuheun, da berkas tungtutan nu datang ti pulisi mah teu make UU ITE. Ku jaksa nu nguruskeun kasusna, ditambahan pasal UU ITE. Tadi maca dina koran, cenah kejaksaan memang kungsi dijamu ku RS Omni. Lamun memang surelek Prita teh engkena ngajiret nepi ka dibui alatan dianggap pencemaran nama baik, pasal dina UU ITE bisa dipake pikeun nungtut nu nyebarluaskeun surelek Prita (da UU ITE mah sual penyebarluasan informasi). Meureun... teu ngalalarti ah rieur!
2009/6/9 waluya2006 > Millis Kusnet teh asa tiiseun ayeuna mah. Sarieuneun kitu, bisi siga > Prita? ...hehehehe. Nyanggakeun seratan Putu Setia, perkawis Prita jeung > duna tutulisan dina internet: > > Prita > Tempo Interatif, Minggu, 07 Juni 2009 | 00:06 WIB > > Putu Setia > > Di ruangan komputer sebuah sekolah menengah pertama, Ibu Guru menanyakan > kepada anak didiknya: "Siapa di antara kalian yang senang mengirim e-mail > menceritakan orang lain? Ayo, ngaku!" >

