udud deui - udud deui........

2009/7/3 Obay tea <obay...@hotmail.com>

>
>
>  Lalakon eureun ngaroko.
>
>
>
> Mangkat ka beger kuring hirup dilingkungan budak baragajul, unggal poe
> pagilinggisik jeung hal-hal anu teu pararuguh kaasup ngaroko/udud. Mimitina
> mah hayang kapuji ngaroko teh ngarah guyub jeung batur. Da keur mimiti
> ngenyot udud mah teu karasa ngeunahna, malah mah lieur jeung jangar we nu
> aya. Laun-laun nikotin ngolo polo kuring supaya ngaluarkeun Dopamin, atuh
> roko teh jadi ngeunah anu teu bisa digambarkeun.
>
> Kabiasaan ngaroko terus kabawa nepika kawin jeung boga budak. Dina sapoe
> kuring bisa meakeun roko anu iklanna koboy bogana pusahaan Amerika 40 batang
> (2 bungkus eusi 20 ). Sanggeus sakitu lilana, jorojoy dina hate hayang
> ngeureunan roko.
>
> Hiji mangsa nyoba eureun ngaroko ku motif ekonomi, kuring nyieun
> balitungan, lamun unggal duit keur sabungkus roko dibeulikeun kenteng,
> dina sataun bakal jadi sababaraha suhunan. Ngan edas...ari geus
> prakna ngeureunan ngaroko, karek oge dua jam geus teu kuat. Kenteng-kenteng
> tujuh mulud, jor wae ah mikiran teuing kenteng, jero pikir teh. Atuh
> pelenyun deui udud.
>
> Ganti ku motif nyaah ka budak, piraku budak kameumeut rek dihaseupan. Tapi
> ari geus hayang ngaroko mah, ngolesed ka luar nyingkahan budak ngarah teu
> kahaseupan.
>
> Geus mangpuluh-puluh alesan dicoba sangkan eureun ngaroko tapi weleh teu
> bisa ngelehkeun nikmatna Dopamin alatan nikotin. Kuring ngarasa jadi jelema
> anu teu boga ajen, teu bisa meruhkeun diri sorangan, teu walakaya. Nyel
> ambek jeung ngewa kadiri sorangan, leutik burih teu bisa nahan kahayang.
> Lamun keur ngaca sok ngagerentes dina hate," emh...jiga kieu geuning jelema
> epes meer teh..."
>
>
>
> Poe kahiji dina bulan romadon sanggeus solat asar, ras inget kana niat
> hayang eureun ngaroko. Naha ari di bulan puasa bisa nahan teu ngaroko ti
> isuk nepika magrib? Kunaon henteu dituluykeun wae atuh teu ngaroko nepika
> imsak?
>
>
>
> Gilig dina hate hayang meruhkeun napsu ngaroko. Dur magrib, regot nginum,
> celebek dahar, deregdeg ka masjid gura-giru ngahaja sangkan teu kadoja
> ku udud. Beres solat magrib alhamdulillah teu karasa hayang ngaroko.
>
>
>
> Keur wirid nungguan isa, dodoja mimiti jul-jol datang. Sungut mimiti
> haseum,  sirah rada leneng. Kareret di luar masjid tatangga keur ngelepus
> udud bari ngobrol. Eta haseup mani ting serebung kaluar tina irung, nu
> ududna rada peureum beunta. Kabayang kacida nikmatna. Kuring tipepereket
> meureumkeun panon siga nu heueuh keur wirid.
>
>
>
> Balik taraweh terus ngaringkuk di enggon, alesan ka pamijakan rada teu
> ngeunah awak. Panon dipeureum-peureum keun supaya tereh sare. Cunduk ka saur
> weleh teu sare sa kerejep-kerejep acan. Rengse solat subuh, kuring
> ngagerentes dina hate, "poe kahiji lulus".
>
>
>
> Bray poe ka poe dina bulan romadon eta kuring perang sabil jeung napsu
> hayang ngaroko. Kuring sabisa-bisa ngabangbalerkeun ku puasa. Beuki
> ngadeukeutan lebaran, kahayang ngaroko teh beuki ngurangan.
>
>
>
> Mangsa takbiran, kuring muka roko sesa bulan kamari memeh puasa. Si roko
> teh geus kararoneng sisi-sisina teu pikabitaeun. Lung dibalangkeun ka wadah
> runtah bari samemehna dirames heula. Sanggeus ngenyotan haseup bako salila
> 24 taun, ahirna kuring bisa eureun nepi ka ayeuna.
>
>
>
> Lamun ayeuna ngaca, kuring ningali jalma anu geus bisa meruhkeun diri
> sorangan, ngeleh keun rasa anu henteu kabeh jalma bisa meruhkeun. Teu...teu
> ngewa deui. Pokona mah rada narsis we lah....
>
>
>
> Obay.
> ~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~
>
>
>
> Catetan: Dopamin mangrupa zat anu dihasilkeun otak alatan rangsangan
> nikotin roko. Dopamin nimbulkeun sensasi/rasa "tenang" jeung "tingtrim".
> Sensasi leungit dina sa jam, terus awak "bereaksi" hayang ngaroko supaya
> bisa ngalaman sesasi dopamin deui. Ieu nu disebut kacanduan roko/nikotin.
>
> ------------------------------
> Make the most of what you can do on your PC and the Web, just the way you
> want. Windows Live <http://www.get.live.com/wl/all>
>
> 
>

Kirim email ke