Amiin...amiin kang..amiin yaa robbal'alamiin....sae kang mudah2an salalamina 
tiasa liren, atuh sim kurig oge anu nga amiin keun, mudah2an weh nya tiasa 
ngiringan, di kiatkeun niat sim kuring sangkan tiasa nurutan....amiin...




________________________________
From: Yuliadi <yuli...@pttitan.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, 7 July, 2009 2:26:21 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Lalakon eureun ngaroko.





kuring keur diajar eureun ngaroko, mudah2an tiasa salamina liren (amin)
tos 4 bulan dijalanan, tapi hawa hayang ngaroko masi keneh kuat, ah ditahan we 
da niat hayang eureun, sieun kupanyakit "pasti", tapi protes ti budak oge jadi 
pertimbangan sibapa mun ngomong bau cenah :)
keur ngaroko keneh biwir asa parait teu palaruguh, geus henteu mah biasa we 
ngan tetep bau (da hudang sare heheheh)
keur ngaroko keneh lamun make sapedah karasa eungap mun nanjak, ayeuna mah 
alhamdulillah masih keneh eungap ngan teu parah teuing.
aya sisi positip eureun ngaroko teh geunig, tapi kuring mah moal ngalarang kanu 
ngaroko asal merenah we tempatna, ulah di tempat umum anu matak ngaganggu batur 
nu teu ngaroko.
ari sisi negatipna asa aya anu leungit dina hate, siga lamun diputuskeun ka 
bogoh, masih keneh bingung..
 
cag.
 
yayan Bogor

--- Pada Jum, 3/7/09, subur natapradja <eagle7...@yahoo. com> menulis:

>Dari: subur natapradja <eagle7...@yahoo. com>
>Topik: Re: [Urang Sunda] Lalakon eureun ngaroko.
>Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
>Tanggal: Jumat, 3 Juli, 2009, 5:57 AM
>HHeeemmmm.... ..salut kang....kataji, kabita....ngan hanjakal sim kuring mah 
>nembe kabita, rumasa iman jang merangan nana teu acan kiat,duka tah kapayun 
>mah mudah2an weh , tiasa nurutan batur anu tiasa liren, ada ari cara mah 
>gening ku mangrupa dongeng ge tiasa di jantenkeun salah sawios cara, samet 
>ayeuna mah ngan nepi ka kabita weh ngadangu batur bisa liren ngarokok 
>teh.....kadang sim kuring ge sok ngalamun, mun aya ka ajaiban nya ti Allah 
>swt, jol2 poho weh kana rokok tur rasa na.......sugan weh atuh, dongen akang 
>janten panggeuing sim kuring sareng sejen na oge, da tangtos, anu lian ge sami 
>jeung sim kuring, yen kaduhung jadi tukang ngarokok teh, pasti kitu lah 
>sadayana ge hate na mah, ngan atuda...atuda. .atuda... ...duka 
>ahhhhh....geuleuh weh pokok na mah kana rokok teh...tapi teu bisa ngajauhan 
>nana.......iihhhhhh
> 
>
________________________________

>From:Obay tea <obay...@hotmail. com>
>To: urangsu...@yahoogro ups.com
>Sent: Friday, 3 July, 2009 4:51:41 PM
>Subject: [Urang Sunda] Lalakon eureun ngaroko.
>Lalakon eureun ngaroko.
> 
>Mangkat ka beger kuring hirup dilingkungan budak baragajul, unggal poe 
>pagilinggisik jeung hal-hal anu teu pararuguh kaasup ngaroko/udud. Mimitina 
>mah hayang kapuji ngaroko teh ngarah guyub jeung batur. Da keur mimiti ngenyot 
>udud mah teu karasa ngeunahna, malah mah lieur jeung jangar we nu aya. 
>Laun-laun nikotin ngolo polo kuring supaya ngaluarkeun Dopamin, atuh roko teh 
>jadi ngeunah anu teu bisa digambarkeun.
> 
>Kabiasaan ngaroko terus kabawa nepika kawin jeung boga budak.. Dina sapoe 
>kuring bisa meakeun roko anu iklanna koboy bogana pusahaan Amerika 40 batang 
>(2 bungkus eusi 20 ). Sanggeus sakitu lilana, jorojoy dina hate hayang 
>ngeureunan roko.
> 
>Hiji mangsa nyoba eureun ngaroko ku motif ekonomi, kuring nyieun balitungan, 
>lamun unggal duit keur sabungkus roko dibeulikeun kenteng, dina sataun bakal 
>jadi sababaraha suhunan. Ngan edas...ari geus prakna ngeureunan ngaroko, karek 
>oge dua jam geus teu kuat. Kenteng-kenteng tujuh mulud, jor wae ah mikiran 
>teuing kenteng, jero pikir teh. Atuh pelenyun deui udud.
> 
>Ganti ku motif nyaah ka budak, piraku budak kameumeut rek dihaseupan. Tapi ari 
>geus hayang ngaroko mah, ngolesed ka luar nyingkahan budak ngarah teu 
>kahaseupan.
> 
>Geus mangpuluh-puluh alesan dicoba sangkan eureun ngaroko tapi weleh teu bisa 
>ngelehkeun nikmatna Dopamin alatan nikotin. Kuring ngarasa jadi jelema anu teu 
>boga ajen, teu bisa meruhkeun diri sorangan, teu walakaya. Nyel ambek jeung 
>ngewa kadiri sorangan, leutik burih teu bisa nahan kahayang. Lamun keur ngaca 
>sok ngagerentes dina hate," emh...jiga kieu geuning jelema epes meer teh...."
> 
>Poe kahiji dina bulan romadon sanggeus solat asar, ras inget kana niat hayang 
>eureun ngaroko. Naha ari di bulan puasa bisa nahan teu ngaroko ti isuk nepika 
>magrib? Kunaon henteu dituluykeun wae atuh teu ngaroko nepika imsak?
> 
>Gilig dina hate hayang meruhkeun napsu ngaroko. Dur magrib, regot nginum, 
>celebek dahar, deregdeg ka masjid gura-giru ngahaja sangkan teu kadoja 
>ku udud. Beres solat magrib alhamdulillah teu karasa hayang ngaroko.
> 
>Keur wirid nungguan isa, dodoja mimiti jul-jol datang. Sungut mimiti haseum,  
>sirah rada leneng. Kareret di luar masjid tatangga keur ngelepus udud bari 
>ngobrol. Eta haseup mani ting serebung kaluar tina irung, nu ududna rada 
>peureum beunta. Kabayang kacida nikmatna. Kuring tipepereket meureumkeun panon 
>siga nu heueuh keur wirid.
> 
>Balik taraweh terus ngaringkuk di enggon, alesan ka pamijakan rada teu ngeunah 
>awak. Panon dipeureum-peureum keun supaya tereh sare. Cunduk ka saur weleh teu 
>sare sa kerejep-kerejep acan. Rengse solat subuh, kuring ngagerentes dina 
>hate, "poe kahiji lulus".
> 
>Bray poe ka poe dina bulan romadon eta kuring perang sabil jeung napsu hayang 
>ngaroko.. Kuring sabisa-bisa ngabangbalerkeun ku puasa. Beuki ngadeukeutan 
>lebaran, kahayang ngaroko teh beuki ngurangan.
> 
>Mangsa takbiran, kuring muka roko sesa bulan kamari memeh puasa. Si roko teh 
>geus kararoneng sisi-sisina teu pikabitaeun. Lung dibalangkeun ka wadah runtah 
>bari samemehna dirames heula. Sanggeus ngenyotan haseup bako salila 24 taun, 
>ahirna kuring bisa eureun nepi ka ayeuna.
> 
>Lamun ayeuna ngaca, kuring ningali jalma anu geus bisa meruhkeun diri 
>sorangan, ngeleh keun rasa anu henteu kabeh jalma bisa meruhkeun. Teu...teu 
>ngewa deui. Pokona mah rada narsis we lah....
> 
>Obay.
>~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong.....~
> 
>Catetan: Dopamin mangrupa zat anu dihasilkeun otak alatan rangsangan nikotin 
>roko. Dopamin nimbulkeun sensasi/rasa "tenang" jeung "tingtrim". Sensasi 
>leungit dina sa jam, terus awak "bereaksi" hayang ngaroko supaya bisa ngalaman 
>sesasi dopamin deui. Ieu nu disebut kacanduan roko/nikotin.
>
________________________________

>Make the most of what you can do on your PC and the Web, just the way you 
>want. Windows Live 
>
________________________________

>Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how.  
 

________________________________

Warnai pesan status dengan Emoticon.
Sekarang bisa dengan Yahoo! Messenger baru. 



      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke