Duhhh...meni ngahelas ku eusi hate na eta istri teh.......eta weh ngahelas hate 
akang teh, sampe ka kitu na bakat ku merjuangkeun sahuap-huapeun eusi peujit.
Akang mah serius da hoyong terang tur tiasa nulungan sabisa-bisa, hanjakal weh 
nya tos 15 thn katukang, mudah2an weh ayeuna mah hirup maneh na teh sing aya 
dina kabagjaan, sareng aya dina ka ridloan Allah swt amiin.......

Wassalam 
K Nata

 



________________________________
From: Aldo Desatura ™ <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, 22 July, 2009 10:00:24 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  
tah kumaha atuh... da ayeuna mung urang ningali profesi sarupaning kiyeu sok we 
loba jalma nu langsung nyemooh... padahalmah.. . encan tangtu.. manehna nu 
nyemooh teh leuwih luhur budi pekertina tinu di cemooh...


2009/7/21 TukangGiribig <tukang.giribig@ yahoo.co. id>

  
>jam dalapan peuting sanggeus... gegelehan sakeudeung, terus nguniang... rada 
>bingung kamana yeuh ulin peuting teh jaba ngan sorangan..., biasana ulin teh 
>sok jeung si salim urang tangerang, ayeuna manehna keur ulin rada jauh.... 
>memang ngajak tapi.. ditolak ku kuring sabab cenah rek leumpang saminggueun. 
>.. wah can waka arek ari kitumah, alun alun geus kamari dua peuting ulin teh, 
>ah rek ka tegal lega we...
>
>kaluar ti mesjid agung teh kuring leumpang ngaliwatan.. ..jalan asia afrika 
>tuluy mengkol ka otista... masih rame da puguh sore keneh... nu jualan loba 
>nukeur ngaladangan, katingali cape cuh cih,... tapi pasemona eces jentre 
>maranehna galumbira da jualanna payu....
>
>leumpang teh zigzag sababaraha puluh meter kuring meuntas jalan... kitu deui 
>mun geus sababaraha puluh meter meuntas deui, angkohan meh loba panggihna 
>jeung nu bisa ditingali atawa didenge..
>
>aya kana satengah jamna karek nepi ka tegal lega teh... terus asup ka 
>palataran lapangan nu harita mah can di pager jeung loba jukut nu 
>ngajejemrung. .. tenda loba nu dijieun dadakan di tukangen rungkun... tukang 
>roko loba nu ngulampreng lain dina kios...
>
>"a roko na a..." kuring ngareret... "enya a cik setengah roko garpit a..." 
>ceuk kuring angkohan teh asal aya sesa keur meuli bajigur we da tadi buka 
>puasa rada dihabek pisan tah.. kabeneran malem salasa karek balik tadi beurang 
>ti lembur jadi rada aya keneh bekel, da biasanamah meuli udud teh ukur 
>sabatang....
>
>"ieu a.." ceuk nu dagang bari mikeun roko jeung pulangna.. pok deui manehna 
>nyarita.." bade nganggo a... nu abdi sarae.. ngarora keneh deuih... pangaosmah 
>gampil lah... tingalian heula weh yu.." ceuk manehna pertentang.. .." moal 
>a... mung amengan wungkul... ke sanes waktos" ceuk kuring bari neruskeun 
>leumpang kukurilingan
>
>teu karasa kuring geus nepi ka sisi lapang di beh jalan m toha...., euleuh 
>miripis.... beuki gede... kuring luak lieu neangan keur ngiuhan... kitu deui 
>nu keur nalongkrong paburisat... awewe.. awewe nu jarualan.. cing balecir bari 
>cicirihilan arasup kana tenda nu ngan ukur satengah dada jangkungna.
>
>kuring ngiuhan ditukang bajigur nu ngahaja ku kuring diteangan bari rada 
>lulumpatan.. . " mang aya terpalna teu..?" ceuk kuring ka tukang bajigur 
>maksudteh meh rada lega ngiuhanna...' aya jang tah batuan talikeun ka dinya.." 
>ceuk manehna bari nunjuk kana tihang urut umbul2
>
>"kang... bajigur hiji...." ceuk kuring bari ngaluarkeun ududeun
>
>"ieu jang.... kumaha geus ?" ceuk manehna bari nyerengeh...
>
>"geus naon kang ?"
>
>"enya eta... taeun..."
>
>"ah henteu kang uing mah ulin wungkul..."
>
>"a....a.. bade ?" ceu awewe umur kira-40 taunan bari gumeulis noel kuring bari 
>manehna gek gigiren.., kuring teu nembal hade teu nembal goreng ngan ukur seri 
>maur bari terus nitenan manehna, nu terus luak lieuk...
>
>awewe tadi ngagupayan lalaki nu titadi nangtung deukeut kompor tukang 
>bajigur... nudigupayan nyampeurkeun.
>
>"kang yu ah maen... 15 rebu we yu..."
>
>"hujan ah..."
>
>"moal da iyuh.. jaba aya bangkuan moal baseuh tina jukut yu..."
>
>"moal ah...."
>
>"10 rebu we.. yu.." ceuk awewe eta bari leungeuna nyekel lalaki tadi..., nu 
>tuluy dikepeskeun ku lalaki bari pok " ceuk aing moal...moal. ..siah" bari 
>tuluy ngoloyong ka deukeut kompor deui
>
>awewe tadi luak lieuk deui... ku kuring katingali aya cai hujan nu maseuhan 
>beungeutna.. . manehna nyusut bari rada tungkul wedakna nyuridat tapak 
>panyusut... terus ngaluarkeun wedak jeung lipen tina kantongna... manehna bari 
>tetep luaklieuk... , bari sakali sakali manehna ngereret kuring jeung tukang 
>bajigur...
>
>"a..a.. kadieu sakedap...." ceuk awewe ka lalaki nu kabeneran ngaliwat ditiung 
>ku dus...., lalaki ngan ukur ngalieuk bari teus manehna leumpang
>
>"kang.... bandrek hiji..." rada ngarenjag kuring sabab nu ngomong teh 
>datangana ti tukangeun bari terus diuk di gigireun kuring... kuring rada 
>ngiser mere tempat, jadina kuring di apit ku awewe jeung lalaki nu anyar 
>datang...
>
>"nuhun kang.... jang teh ngaleueut...." ceuk manehna sanggeus narima gelas 
>bandrek nawaran ka kuring jeung awewe... sabeulaheun. ..
>
>"ah narik teh kuduna hujan kieu teh alus tapi peuting ieumah rada 
>goreng...yeuh" ceuk manehna ngomong nu teuing ditujukeun ka saha...
>
>"jaba tiris kieu yeuh...." pok deui
>
>"a... bade ?" ceuk awewe sabeulaheun bari noel ngaliwatan kuring.. kuring rada 
>ngadayagdag. .
>
>"sabaraha...?" ceuk lalaki nu sihoreng tukang beca
>
>"hayu... 15 rebu weh...."
>
>"ah moal mahal teuing..."
>
>"10... we atuh 10 yu...."
>
>"hahahahahaha. ... 10 teu hayang teuing pan eteh ge ngeunah..." ceuk tukang 
>beca ngabarakatak
>
>"sabaraha atuh a... sok ngupingkeun. .." ceuk awewe bari gumeulis
>
>"gratis we yu... sarua tiris yeuh..."
>
>"atuh tong kitu... a.."
>
>"kieu we... urang boga ngan 3 rebu daek teu ? tong kasinggung mun henteu..."
>
>awewe... ngaheruk... bari nahan tetep gumeulis.... katingali manehna melong 
>kana roda bajigur terus tanggah... teu lila pok
>
>"hayu a... wios lah tapi tong lami nya...."
>
>"tah kitu atuh meh langganan... jaba urang pan haneut sarua..., kang nitip 
>gelas nya " ceuk tukang beca bari nangtung
>
>saterusna duaan patungtun-tungtun bari silih toel asup kalapangan nu ngiles 
>teu katingali kahalangan jukut nu hieum...
>
>****
>teu kungsi lila... torojol duan kaluar tina rungkun nu ngan katingali aya 
>tenda bari cicirihilan. ...
>
>"kang ieu tadi bandrek tambah kulub cau..." ceuk tukang beca...ka tukang 
>bajigur nu tuluy manehna ngaleos....
>
>"kang abdi nyuhunkeun bajigur hiji..." ceuk awewe tadi bari manehna kop kana 
>kulub sampeu, gek manehna diuk dina urutna tadi
>
>"a... bade kulub sampeu ?" ceuk manehna bari ngareret kuring...
>
>"nuhun teh henteu.."
>
>"hesok a... tah atuh kulub cau atawa ganyong... sok meh teu tiis patuangan..."
>
>"hatur nuhun henteu teh...."
>
>"enggal a... sok kadinyah... " bari manehna nangtung nyokot kulub cau nu terus 
>diasongkeun ka kuring...
>
>kuring colohok mata simeuteun bari narima cau... 
>
>"nuhun..." ngan sakitu nu kedal
>
>"hesok gera tuang...keun we da teteh aya artos mah pan nembe... kenging 3 
>rebu.... alhamdulillah nya a... aya rejekina, puguh rada tiis patuangan ti 
>tadi nembe ngalarisan hehehehe"
>
>kuring ngan molohok kosong... tikoro mimiti rada garing engap.... aya nu 
>ngaleketey tina hate nu nyurungkuy kan tikoro jeung mata...pok deui manehna
>
>"tah sampeu gera a, kuat nahan lapar jabi pan ieu muruhpuy hujan... bilih 
>lebet angin..." 
>
>bari ngobrol teh manehnah nyahnyehnyoh kana kulub sampeu... dua gelempeng ngan 
>saketap... bangun lapar pisan..
>
>"a bade kamana ?...aya ongkos ?..... " ceuk manehna deui.. bari terus mencrong 
>ka kuring....
>
>"taman sari..." ceuk kuring pondok
>
>"pami teu aya ongkos ieu... anggo heula artos teteh...., ke mudah-mudahan aya 
>deui rejekina" ceuk manehna bari ngasong keun duit sarebu... kuring teu bisa 
>ngomong... tikoro geus teu kuat nahan sagala rasa... mata geus beueus....
>
>kuring nangtung... teu bisa ngomong maksudmah rek pamit... tapi teu kedal ngan 
>ukur manggut, tuluy kuring leumpang maju ka arah kebon kalapa..., 
>
>"a....a... antosan sakedap.....ieu candak... teteh nyaan... hawatos hujan" 
>awewe tadi ngageroan bari ngacung-ngacung duit sarebu...kuring nambahan 
>lengkah bari geus teu kawawa ceurik,
>
>kulub cau kukuring terus dikeupeul pageuh.... ieu jimat..., ieu rejeki.... 
>hate terus ngocoblak bari teu eureun cai mata ka luar..
>
>hayang teuing kuring boga gawe komo nepi beunghar.... kuring rek ngajait 
>manehna..., moal moal ningali naon pagawean asalna... kuring rek ngagawekeun.. 
>... manehna engke, Gusti tangtayungan manehna....
>
>***
>
>rancucut datang ka taman sari teh... geus ampir setengah hiji peuting..., 
>gusat gesut mandi... wudhu.. kuring sholat dua rokaat bari ceurik.... ngahaja 
>sholat keur manehna.... jeung ngadoa sabisa..bisa. . bari nyahareupan kulub 
>cau pamere...
>
>manehna lapar... manehna tiris... manehna teu boga kabisa... manehna bodo... 
>manehna loba diudag-udag. .. manehna loba dijejeleh... manehna bisa mere 
>sarebu leuwih tina duit 3 rebu bari jeung dahar manehna....manehna jelema 
>indung budakna... jaga meureun nini incuna..., basana sarua... hatena 
>sarua..., seurina... ceurikna...kanyerin a sigana moal beda.... da sarua 
>jelema...
>
>kuring masih ceurik bari mesek cau... ngadaharna... . neureuy jeung caimata... 
>nilepan cangkangna kukuring di bungkus lawon meunang nekteuk tina baju jero nu 
>baseuh ci hujan... lain lain kuring rek ngadewakeun. .. ngan keur panginget... 
>nepi kaayeuna cangkang cau geus leuwih 15 taun aya salilana dina saku 
>kuring....
>
>*****
>hanca....
>
>tukang giribig


-- 
Aldo Desatura ® & ©
============ ====
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata






      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke