Pami ayeunamah....profesi kieu janten kabanggaan sigana... Seuer nu milih karna gampang milarian kanggo nyumponan hirup... emang seh teu sadayana siga kitu teh. Ngan pami di tinggali jamanna ayeunamah beda pisan teu siga 15 taun katukang. Ayeunamah mun ditanya 'kunaon nukitu teh mani di keteng?' Jawabanna teh hampang pisan.... Babari neangan duit bari teu jeung cape sakaligus menang kangeunahan.... (punten ieu mah jawaban jujur si eteh nu cicingna caket sareng kontrakan abdi...)
----- Original Message ----- From: subur natapradja Duhhh...meni ngahelas ku eusi hate na eta istri teh........eta weh ngahelas hate akang teh, sampe ka kitu na bakat ku merjuangkeun sahuap-huapeun eusi peujit. Akang mah serius da hoyong terang tur tiasa nulungan sabisa-bisa, hanjakal weh nya tos 15 thn katukang, mudah2an weh ayeuna mah hirup maneh na teh sing aya dina kabagjaan, sareng aya dina ka ridloan Allah swt amiin.......

