Sabulan katukang kuring ngadadak ka Sumedang, dibejaan aya kapapatenan, 
pamajikan lanceuk misan ngantunkeun. Kulantaran teu nyaho dimana layonna rek 
dikurebkeun, di perjalanan kuring nelepon heula ka adi Kuring, Uwung, waktu 
geus deukeut ka lembur. Eta mah Adi nembalanana teh ku basa Sunda lemes pisan, 
teu saperti biasana, kumaha we ngobrol lanceuk jeung adi. Tepi ku kuring teh 
satengah disentak: "Ari maneh, nyarita teh siga jeung saha wae!"

Manehna ukur ngaheheh. Waktu tepi ka tempat kapapatenan Adi kuring teh langsung 
ngajemput kuring, terus nyenyekel leungeun, omongna teh: "Hayu layonna di 
Masjid,  tapi ulah langsung ka jero masjid, kudu sasalaman jeung nu  ngariung 
diluar. Loba dulur nu teu wawuheun jeung Entang mah, komo nu ngarora mah". 

Sabenerna mah kalakuanana teh teu biasa kitu, tapi kuring teh nurut we 
diwanoh-wanohkeun kanu ngagimbung, bari nyebut tah ieu lanceuk Bi/ Ua Uwung. 
Heueuh da enya loba nu teu wawuh jeung kapialo jeung batur salembur nu sakitu 
lobana teh. Jero hate, meureun adi teh agul, lanceukna teh dua urang, lain 
saurang.

Malem minggu kamari, di imah di Bandung, sabudeureun jam satu peuting, kuring 
masih nonton TV, telepon imah disada. Rada ngagebeg ari telepon tengah peuting 
teh, sok sieun aya beja nu teu diharepkeun.
 
"Hallo?", ceuk kuring teh bari pinuh tanda tanya 
"Ieu Uag, Ua Entang, Uwung stroke, ayeuna di ICU", ti beulah ditu ngajawab, 
sorana peura, tapi kuring apal ieu sora Uag, salaki Adi. 

Kuring ngaranjug kaget,rampang-reumpeung telepon teu dijawab kalahka 
ditutupkeun. Kuring ngaguyah-guyah pamajikan dibejaan bari diajak ka Sumedang 
harita keneh. Kabeneran si Cikal datang tas ulin malem mingguan, langsung 
diajak. Tapi hate masih saeutik tenang, aya harepan Adi teh teu parah.

Jam 3 subuh leuwih saeutik, kuring tepi ka Sumedang, langsung ngajugjug RSU 
Sumedang, tapi jadi bingung da geus teu apal deui. Nya nelepon ka HP salaki 
Adi. Salaki Adi ngajawab: di RS Pakuwon, lurus, koma!"

Meg teh kana hate, kuring ngomong halon ka pamajikan: "Koma, Mamah, papah bisa 
kaleungitan adi" 

Tepi ka tempat parkir RS Pakuwon, kapaksa tatanya kanu jaga heula da teu apal, 
ditunjukkeun pantona. Can ge asup kanu panto, kareungeu sora nu ceurik. Suku 
kuring jadi leuleus, pamajikan kuring satengah nuntun asup ka jero. DI jero 
katempo pamajikan lanceuk keur ceurik paungku-ungku jeung minantu Adi, si Gugun 
anak bungsu ki Adi gagauran. Nu tenang teh ngan ki lanceuk jeung salaki Adi. 
Adi teh geus teu aya. Kuring, nu ti baheula oge pang epes meerna, geus teu bisa 
nahan deui, ngilu inghak-inghakan. Teu puguh cabak. Ngupahan si Gungun, padahal 
kuring oge upahaneun batur. Pamajikan surti, nuntun kuring kaluar, dititah diuk 
bari mere nginum.

Geus hate rada tenang, kuring balik deui ka kamar. Si Gugun masih auk-aukan, 
ayeuna pamajikan kuring oge jadi ngiluan. Ku perawat dibejaan: "Atos-atos 
hawatos, ke urang tutup pameunteuna"

Kuring neuteup Adi kuring bari nyurulung cipanon, Adi teh siga keur sare tibra 
pisan jeung katempona teh mani asa geulis pisan. Si Gugun nu masih 
inghak-inghakan oge kitu, manehna narik leungeun bapana:" Papah, tingali si 
Mamah mani geulis kieu!"

Baktos,
ENTANG
[Nenehna kuring keur budak]  





  



Kirim email ke