Hatur nuhun baraya, katampi pisan simpatina ku ngantunkeunana pun adi. Pun
adi teh, dulur awewe hiji-hijina. Manehna Guru (Kimia) SMAN 2 Cimalaka. Jadi
guruna teh geus lila  ti saprak lulus S1 ti IKIP Bandung taun 1981, ulukutek
we ngajar di Sumedang, teu kungsi digawe diluar Sumedang, iwal keur
mahasiswa baheula kungsi magang ngajar di sakola bogana Yayasan Atikan Sunda
(YAS) di Bandung, tapi ngan sakeudeung.

Inget, kuring kungsi posting didieu, nyaritakeun cara Pun Adi dina nyegah
kasurupan massal barudak di sakola. Cenah ceuk manehna kasurupan massal
biasana dipicu ku saurang murid, nu biasana awewe. Tah supaya  teu "nepaan"
kanu sejen, kudu gancangan dicageurkeun. Carana ..... rameus we "taeun"na,
dijamin bakal ngagurubug jeung sadar deui. Ngan kade ulah ku guru lalaki.
Adi teh awewe tapi  rada dedegler, maklum lanceuk-lanceukna, dua urang,
lalaki kabeh.

Sakadar panineungan ka Adi, sakali deui hatur nuhun kana simpatina. Isuk
kuring rek ka Sumedang deui rek tahlil tilu poena........

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke