Innalilahi wainailaihirojiun... Ngiring bela sungkawa ka kang waluya sakulawargi, nya kitu tea kang.. bojo, pati, bagja cilaka mah rahasia Allah SWT, mugia nu dikantunkeun sing dipaparinan sabar sareng tawekal, atuh nu ngantunkeun sing ditampi iman Islamna aminnnn.....
________________________________ From: waluya2006 <waluya2...@yahoo.co.id> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, July 27, 2009 9:25:48 AM Subject: [Urang Sunda] Uwung .... Sabulan katukang kuring ngadadak ka Sumedang, dibejaan aya kapapatenan, pamajikan lanceuk misan ngantunkeun. Kulantaran teu nyaho dimana layonna rek dikurebkeun, di perjalanan kuring nelepon heula ka adi Kuring, Uwung, waktu geus deukeut ka lembur. Eta mah Adi nembalanana teh ku basa Sunda lemes pisan, teu saperti biasana, kumaha we ngobrol lanceuk jeung adi. Tepi ku kuring teh satengah disentak: "Ari maneh, nyarita teh siga jeung saha wae!" Manehna ukur ngaheheh. Waktu tepi ka tempat kapapatenan Adi kuring teh langsung ngajemput kuring, terus nyenyekel leungeun, omongna teh: "Hayu layonna di Masjid, tapi ulah langsung ka jero masjid, kudu sasalaman jeung nu ngariung diluar. Loba dulur nu teu wawuheun jeung Entang mah, komo nu ngarora mah". Sabenerna mah kalakuanana teh teu biasa kitu, tapi kuring teh nurut we diwanoh-wanohkeun kanu ngagimbung, bari nyebut tah ieu lanceuk Bi/ Ua Uwung. Heueuh da enya loba nu teu wawuh jeung kapialo jeung batur salembur nu sakitu lobana teh. Jero hate, meureun adi teh agul, lanceukna teh dua urang, lain saurang. Malem minggu kamari, di imah di Bandung, sabudeureun jam satu peuting, kuring masih nonton TV, telepon imah disada. Rada ngagebeg ari telepon tengah peuting teh, sok sieun aya beja nu teu diharepkeun. "Hallo?", ceuk kuring teh bari pinuh tanda tanya "Ieu Uag, Ua Entang, Uwung stroke, ayeuna di ICU", ti beulah ditu ngajawab, sorana peura, tapi kuring apal ieu sora Uag, salaki Adi. Kuring ngaranjug kaget,rampang- reumpeung telepon teu dijawab kalahka ditutupkeun. Kuring ngaguyah-guyah pamajikan dibejaan bari diajak ka Sumedang harita keneh. Kabeneran si Cikal datang tas ulin malem mingguan, langsung diajak. Tapi hate masih saeutik tenang, aya harepan Adi teh teu parah. Jam 3 subuh leuwih saeutik, kuring tepi ka Sumedang, langsung ngajugjug RSU Sumedang, tapi jadi bingung da geus teu apal deui. Nya nelepon ka HP salaki Adi. Salaki Adi ngajawab: di RS Pakuwon, lurus, koma!" Meg teh kana hate, kuring ngomong halon ka pamajikan: "Koma, Mamah, papah bisa kaleungitan adi" Tepi ka tempat parkir RS Pakuwon, kapaksa tatanya kanu jaga heula da teu apal, ditunjukkeun pantona. Can ge asup kanu panto, kareungeu sora nu ceurik. Suku kuring jadi leuleus, pamajikan kuring satengah nuntun asup ka jero. DI jero katempo pamajikan lanceuk keur ceurik paungku-ungku jeung minantu Adi, si Gugun anak bungsu ki Adi gagauran. Nu tenang teh ngan ki lanceuk jeung salaki Adi. Adi teh geus teu aya. Kuring, nu ti baheula oge pang epes meerna, geus teu bisa nahan deui, ngilu inghak-inghakan. Teu puguh cabak. Ngupahan si Gungun, padahal kuring oge upahaneun batur. Pamajikan surti, nuntun kuring kaluar, dititah diuk bari mere nginum. Geus hate rada tenang, kuring balik deui ka kamar. Si Gugun masih auk-aukan, ayeuna pamajikan kuring oge jadi ngiluan. Ku perawat dibejaan: "Atos-atos hawatos, ke urang tutup pameunteuna" Kuring neuteup Adi kuring bari nyurulung cipanon, Adi teh siga keur sare tibra pisan jeung katempona teh mani asa geulis pisan. Si Gugun nu masih inghak-inghakan oge kitu, manehna narik leungeun bapana:" Papah, tingali si Mamah mani geulis kieu!" Baktos, ENTANG [Nenehna kuring keur budak]