wilujeng atuh kang irpan.. mugia sing janten anak anu sholeh
amin aamin ya robbal alamin

2009/8/24 Irpan Rispandi <mr.rispa...@gmail.com>

>     [Attachment(s) <#1234f13a7cbdbded_TopText> from Irpan Rispandi
> included below]
>
> "Kiri, kuda-kuda depan, ha !!!"
> Mas Asep, salah saurang pelatih di kolat, mere aba-aba. Barudak peserta
> ujian, ngalakukeun gerakan anu di parentahkeun ku manehna. Motor kuring
> asup ka palataran hiji sakola SMK di daerah jakarta pusat. harita di
> palataran sakola teh keur aya acara uji coba, lamun di kampus mah mid
> test meureun. Uji coba teh salah sahiji bagian tina kurikulum latihan
> Perguruan Silat Merpati Putih. Kuring memang pernah aktif di kolat
> (kelompok latihan) ieu, jadi sawaktu aya acara, kuring sok dibejaan. Ti
> saprak kawin, kegiatan kuring di merpati putih memang vakum, sanajan ari
> kahareup mah hayang aktif deui. Lain ku lantaran hayang sakti
> he..he..he.. ieu mah itung-itung olahraga we bari silaturahmi
> bersosialisasi. Kuring datang jam 9-an peuting, anu keur diuji teh masih
> murid-murid tingkat dasar.
>
> HP kuring gugurubugan, sihoreng aya SMS asup, ti pamajikan, update
> lokasi he..he..he... ku kuring di telepon ngabejaan yen kuring geus tepi
> di JP - nickname na eta SMK -. Pamajikan kuring carita, keur
> leuleumpangan cenah, sabab geus karasa mules beuteungna. Harita tanggal
> 15 Agustus 2009, pamajikan kuring geus dua minggu aya di imah kolotna di
> Bogor. Manehna keur cuti melahirkan. Kakandungannana ayeuna geus bulan
> alaeun, ngan kari ngitung poe. Ceuk perkiraan dokter mah lahiran teh
> sekitar tanggal 18 agustus.
> Kira-kira jam 1.30 janari, anu keur ujian teh murid tingkat II jeung
> tingkat III, HP gugurubugan deui, aya SMS ti Kiki, dulur misan
> pamajikan. "Kang, teh Yeni tos karasaeun ...." cenah. Maca SMS kitu,
> kuring rada nyiak. Harita keneh kuring mangprung ka Bogor. Sajajalan
> kuring ngado'a ka Pangeran, ulah nepika siga dina film, pamajikan keur
> ngalahirkeun, salakina kacilakaan he..he..he... Alhamduillah kuring
> salamet nepi ka imah mitoha, sanggeus 2,5 jam kana motor, mapai jalan
> Jakarta-Bogor.
>
> Nepi ka imah mitoha jam 4 subuh, anu muka panto Teguh, adina pamajikan.
> Si tetehna tos dibidan cenah, nya ku manehna kuring dianteur ka imahna
> bidan. "Bidan Wastini", plang leutik warna bodas tulisana hideung nanceb
> hareupeun hiji imah gedong sisi jalan. Bidan Wastini teh bisa disebut
> bidan keluarga besar Haji Rasyid, buyutna pamajikan. Ampir kabeh anggota
> keluarga besar anu ngalahirkeun, dibidanan ku bidan Wastini. Manehna
> memang geus welasan taun muka praktek di ieu lembur, sanajan ari aslina
> mah ti Luragung, Kuningan. Kuring memang ngahaja teu ka Rumah Sakit,
> lantaran suudzon he..he..he..
> Kuring pernah ningali berita, aya awewe anu lahiran di sesar, tapi
> sanggeus sesar eta awewe teh jadi lumpuh. Manehna jadi korban
> malpraktek. Salian ti eta, babaturan kuring di pagawean oge loba anu
> carita, yen di rumah sakit kadang-kadang sok aya "kongkalingkong".
> Puguh-puguh bisa lahir normal,
> tapi tetep we direkomendasikeun sesar. Sabab biaya lahiran normal jeung
> sesar bedana jauh. Tangtu we oknum rumah sakit mah milih sesar, sangkan
> duitna gede. Salian ti eta, kuring rada hariwang, saha nu ngajamin
> tenaga medis di rumah sakit teh bener-bener berkualitas. Kahariwang
> kuring cukup beralasan, sabab ningali barudak mahasiswa ayeuna, teu
> saeutik anu kuliahna teh sangeunahna, sanajan tangtu teu kabeh kitu.
> Loba mahasiswa anu beuki dugem, kumpul kebo, tawuran jsb. Anu awewena
> jadi ayam kampus, pikeun ngabiayaan gaya hirupna anu 'modern'. Masalah
> kuliah, bisa diatur, asal aya duit, peunteun sabaraha wae ge bisa,
> hayang AAA+++ oge bisa siganateh. he..he..he.. Aya deui kieu, kuring
> mensinyalir aya jalma anu ngarasa 'nggak keren' lamun lahiran henteu di
> rumah sakit teh.
> Lamun lahiran teu di rumah sakit, gengsi dong !
> Tah nu ieu komo, kuring mah teu panuju pisan. Gengsi...makan tuh gengsi
> ! he..he..he...
>
> Dina hal lahiran, kuring kadang sok mangherankeun, naha loba awewe anu
> lahiranna di sesar. Sanajan eta sesar teh memang jalan anu kudu
> dilakukeun, ceuk tinjauan medis, lain ukur 'permainan' rumah sakit
> hungkul. Tapi naha bet jadi kudu sesar? kapanan Allah nyiptakeun awak
> manusa teh sampurna pisan. Tah tangtu dina hal ngalahirkeun oge, ku
> Allah geus dirancang sampurna. Tapi naha bet jadi kudu make cara sesar?
> Eta cenah posisi janin sungsang, atawa bla bla bla hasil pemeriksaan
> medis anu intina, lamun teu disesar bisa ngabahayakeun janin jeung
> indungna. Tah dina palebah dieu urang kudu introspeksi diri. Urang kudu
> nginget-nginget hal-hal naon wae anu nyababkeun "kondisi berbahaya"
> pikeun janin jeung indungna. Bisa wae gaya hirup si ibu anu caliweura,
> bisa oge lingkungan anu kurang sehat, jeung sajabana. Sabab-sabab pasti
> na mah kuring teu nyaho, da lain dokter. he..he..he..
>
> Di imah bu Bidan teh aya ruangan husus mangrupa klinik leutik. Di jerona
> aya tilu ranjang beusi siga nu sok aya di rumah sakit jeung hiji
> ranjang/box leutik keur orok. Gigireun ranjang aya tabung oksigen gede,
> sagede tabung tukang las. Dina tunjangeun ranjang aya rak obat-obatan,
> oven jeung laci anu eusina peralatan bedah. Jadi sanajan 'kelas Bidan',
> tapi peralatan medisna cukup lengkep.
> Barang asup, kasampak pamajikan kuring keur ngagoler dina salah sahiji
> ranjang, bari nyangigir ka katuhu. Pamajikan kuring carita, mulai karasa
> mulesna jam 8 peuting tadi cenah. Tapi nya kitu, intervalna masih lila,
> sekitar 15 menitan. Mules...henteu deui, sanggeus 15 menit karek karasa
> mules deui, kitu we. Kuring nungguan di dinya nepi ka wanci balebat.
> Sanggeus di pariksa, ceuk bu bidan can bukaan-bukaan acan cenah, mending
> balik we heula, ke lamun geus karasa sering pisan mulesna, karek datang
> deui. Bu Bidan nyarankeun sangkan pamajikan loba leuleumpangan ameh ke
> pas lahiran lancar. Geus puguh kitu mah, nya pamajikan teh dibawa balik
> deui we ka imah.
>
> Kurang leuwih jam 1 beurang, pamajikan kuring beuki sering ngarasa
> mulesna, harita keneh bu bidan di jemput ku si Teguh. Bukaan 3, cenah
> ceuk bu bidan sanggeus mariksa. Biasana, bukaan teh nambah tiap sa-jam.
> Jadi lamun make perhitungan standar, lahiran teh sekitar jam 9 peuting.
> Tapi biasana mah memeh jam sakitu oge geus lahir. Ku sabab lila keneh
> nya bu Bidan balik deui ka imahna.
> Kira-kira wanci ashar, pamajikan ngabejaan, yen geus mimiti kaluar
> lendir campur getih cenah. Atuh harita keneh pamajikan dibawa ka imah
> bidan deui. Anu marengan ka bidan teh, mitoha awewe, nini jeung bibi
> pamajikan, jeung Rini, kapi bibi, anakna adina nini pamajikan (iklan
> banget he..he..he..). Nya kitu, alhamdulillah kulawarga besar pamajikan
> teh ngajaga pisan tali silaturrahmi. Keur mah memang, imah na teu
> jararauh, masih salingkup lembur eta. Barudak na oge, arulinna teh tara
> jeung batur, tapi masih jeung dulur-dulur keneh. Rini, sanajan kaitung
> kapi bibi, tapi umurna sahandapeun pamajikan. Manehna teh babaturan
> curhat jeng ngerumpi pamajikan kuring lamun keur di lembur.
>
> Jam 5 sore, pamajikan geus mulai ngaharegung nahan kanyeri,
> lafadz-lafadz dzikir diucapkeun ku manehna paselang jeung haregung.
> Kuring nangtung dina gigireuna beulah kenca, ngusapan kesang dina
> tarangna ku tisu. Gigireun kuring, indungna jeung ninina ngusapan bari
> ngupahan. Gigireun beulah katuhu, bibina nyekelan leungeuna. Gigireun
> bibina, bu bidan mariksa. Geus bukaan 9 cenah, saeutik deui.
> Alhamdulillah, sanajan ngarasakeun kanyeri nu taya hinggana, tapi
> pamajikan masih 'fully under control'. Manehna teu nepi ka jejeritan.
> Malah sakapeung mah bisa males banyolan bu bidan. Harita kuring mikir,
> berarti kondisi psikologis anu nyaman, penting pisan pikeun awewe anu
> keur ngajuru. Hal ieu kacontoan ku pamajikan. Manehna siap, percaya
> diri jeung ngarasa nyaman, sabab dilingkung ku jalma-jalma anu mikanyaah
> manehna. Aya Indungna, aya ninina, aya bibina, aya sobatna, aya kuring.
> Manehna hanteu ngarasa sorangan dina nyanghareupan ngajuru. Di luar
> hujan gede.....
>
> Allahu akbar, Allahu akbar ..... Adzan maghrib tina speaker mesjid
> tukangeun imah bu bidan kadenge handaruan. Sora adzan pacampur jeung
> seahna sora hujan, anu harita turun gede pisan. Dina tengah-tengah
> adzan, kadenge koceakna budak orok anu karek gumelar ka alam dunya. Anak
> kuring. Lalaki. Lahirna kabeulit tali ari-ari nepi ka dua beulit. Tapi
> alhamdulillah, Allah teu ngeursakeun hal nu pikasediheun, tapi
> ngersakeun pikabungaheun. Eta orok teh salamet, kitu deui indungna.
> Ahad, 16 Agustus 2009 wanci maghrib, anak si Irpan nu kahiji gumelar ka
> alam dunya...
>
> "Resi? lain resi mah lamun urang ngirim wesel, sok aya resina. embung
> ah..maenya anak yeni dingaranan resi. haduh lamun ngadenge resi teh
> kabayang kertas tanda terima. embung ah..."
> Pamajikan kuring protes.he..he..he... Waktu umur kakandungan keur ngora
> keneh, kuring geus ngadiskusikeun pingaraneun budak. Kuring hayang boga
> anak tilu, lalaki awewe lalaki. Tiluanana dikonsep ngabogaan widang
> masing-masing.
> Nu kahiji nu cikal, manehna anu pang gedena, kudu jadi panutan
> adi-adina, kudu jadi conto, sakaligus panggeuing. Ku kituna anak kuring
> nu kahiji kudu jadi jalma anu wijaksana tur luhur elmuna.
> Nu kadua nu tengah, manehna aya di tengah-tengah. Kudu hade ka lanceuk
> nyaah ka adi. Jadi pengayom dua-duana. Manehna oge jadi perlambang / ruh
> tina sifat dua lanceuk jeung adina. (nu ieu mah kuring rada hese
> nerangkeuna he..he..he...)
> Nu katilu nu bungsu, manehna ngawakilan budak ngora, pinuh energi pikeun
> ngalakukeun perubahan-perubahan.
>
> FYI, konsep ieu geus lila kapikir ku kuring, jauh samemeh aya postingan
> ngeunaan "Resi, Rama, Ratu" di milis. Sanggeus maca postingan di milis,
> kuring beuki bungah, sabab konsep/pikiran kuring ternyata tibaheula
> keneh geus aya he..he..he..
>
> Pikeun anak kahiji kuring ngajukeun dua ngaran:
> - Muhammad Resi Raspati
> - Muhammad Aristoteles Alkindi
>
> Ngaran anu kahiji, ngabogaan cita-cita luhur, anak kuring ngabogaan
> sifat Resi anu luhur ku elmu jeung wijaksana. Salian ti eta manehna oge
> Raspati, gagah narik ati. Siapa dulu dong bapaknya he..he..he...
> Sedengkeun ngaran anu kadua, kuring make ngaran Ilmuwan Yunani abad 4SM
> nyaeta Aristoteles jeung Al-Kindi, Ilmuwan muslim di abad 9 M (
> http://en.wikipedia.org/wiki/Alkindi ) . Duanana teh mangrupa ahli lain
> ngan dihiji widang elmu, tapi loba. Ku nerapkeun ngaran maranehna ka
> anak kuring, mudah-mudahan Allah ngersakeun anak kuring jadi salah
> saurang ulil albab, jalma anu salilana berfikir, nafakuran
> ciptaan-ciptaan Allah SWT, terus hasilna bisa diamalkeun pikeun
> kamaslahatan umat manusa di alam dunya.
> Duanana make ngaran Muhammad. Eta teh mangrupakeun pangjaga. Sacara
> harfiah kecap Muhammad teh hartina kurang leuwih 'terpuji' (lamun salah
> benerkeun nya). Jadi anak kuring ngabogaan sifat-sifat anu terpuji.
> Manehna pinter, tapi teu kabalinger, teu minteran batur komo ngabobodo
> batur mah. Sarengkak saparipolahna estu matak dipuji batur, dipuji lain
> lantaran pupujieun, tapi lantaran ahlakna anu hade.
> Sedengkeun makna sejena, urang ge geus pada nyaho, Muhammad teh ngaran
> manusa utama, kakasih Allah, Rosul panutup, anu nyampurnakeun ahlak
> manusa. Ku ngalarapkeun ngaran agung ieu, mugia Allah ngajadikeun anak
> kuring ngabogaan sifat-sifat anu sarua jeung Muhammad rosululloh.
>
> Ku sabab ngaran kahiji diprotes ku pamajikan, atuh anu dipake teh nya
> ngaran anu kadua.
>
> "Muhammad Aristoteles Alkindi", ngaran panggilana 'Al-Kindi'
>
> Dina ngaran eta, ngancik harepan jeung do'a kuring salaku kolotna,
> sangkan anak kuring jadi jalma nu utama. Amiin...
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
+62 812 837 7662
www.garutleather.com
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com

Kirim email ke