hade tah kang jeung nyarekeun budaxs plus indungna..

On 8/27/09, Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com> wrote:
>
>
> Mangga nyanggakeun kanggo cep Al-Kindi
>
> Doa ibu rama
> Panimang
> (Raden Machjar Angga Kusumadinata sarimbit)
>
> Anaking jungjunan kalbu !
> Di doakeun siang wengi
> Asep teh sing panjang yuswa
> Salira masing walagri
> Jeung masing luhur darajat
> Sabar saleh suci galih !
>
> Mugia sing panjang punjung
> Mulus bunglus lulus-luis
> Sing enggal ngageunganana
> Kasawat masing tarebih
> Sing damang salalamina
> Anu kasep ulah rungsing !
>
> Mung Asep jaga geus jangkung
> Geuwat geura nyiar ‘ilmi
> Pangarti nu mangpa’at
> Anggoeun obor di lahir
> Jeung elmu pikeun acherat
> Kudu sungsi sing kaharti !
>
> Sanajan urang jinungjung
> Luhur pangkat sugih-mukti
> Upama agama tuna
> Tinangtu urang balai
> Cilaka di acheratna
> Moal meunang rahmat Gusti
>
> Duh kasep jungjunan kalbu !
> Didu’akeun siang wengi
> Asep teh sing narawangan
> Sing caang padang panggalih
> Mugia sapapanjangna
> Dipikawelas ku yang Widi !
>
> Mepende
> Ayun-ambing
> (RMA Kusumadinata)
>
> Ayun ambimg, ayun ambing !
> Ayun ambing lila nyaring !
> Mana nyanding ku disanding !
>
> Ayun puntang, ayun puntang !
> Ayun puntang lila hudang !
> Mana hudang ku diteang !
>
> Ocon
> Ucang Angge
>
> Ucang-ucang angge
> Mulung muncang ka parangge
> Digogog ku anjing gede
> Anjing gede nu Mang Lebe
> Anjing leutik nu Ki Santri
> Ari gog, gog cungungung …
>
> Hapunten
>
>
>


-- 
Jalak Banten (JB)


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:urangsunda-dig...@yahoogroups.com 
    mailto:urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke