Hatur nuhun ka uwa Surtiwa, MJ sareng baraya nu sanesna perkawis dadaran 
eureup-eureupna. Dua sasih kapengker abdi ditaros ngeunaan eureup-eureup oge. 
Lieur nu aya...da mung nguping teh ngan hiji sato we, kumaha jenisna... puguh 
gideug!  Da kapungkur oge upami malik nanya kitu...malah disalenggorkeun "Ari 
rek sare teh kudu babacaan heula, siah!", kitu ceuk kolot abdi. Ceuk Abdi mah 
eureup-eureup teh walanda atawa belanda!

buktos 1: 
Baheula keur budak, aya hiji kaulinan namina eureup-eureup. Eureup-eureupan yu!
Diulinkeun ku sababaraha hiji budak, ngantay patutur-tutur. Budak nu ditukang 
leungeuna ditumpangkeun kan pundak nu dihareup, kitu terus tepi kabeak katukang 
bari sirah tungkul kana taneuh sakapeung bari peureum. Budak nu tihareup  
leumpang tiheula, dituturkeun kunu ditukang. Sajajalan nu ditukang nanya kanu 
panghareupna, raeng! Eureup-eureup? Nu panghareupna nembalan, "Jauh keneh!". 

buktos 2: 
Geus prah pan di Endonesia mun aya hiji kayaan nu kabereg atawa naon we nu sok 
asa kaburu-buru kudu gancang anggeus, aya kekecapan atawa paribasa, "Tenang 
belanda masih jauh"! 

Hehehe....jadi eureup-eureup sami sareng walanda!

Wilujeng saum!

porenges 
  




      

Reply via email to