boronamah di bandungan ti mimiti nepi ka rengse ieu email, sihoreng
heureuy....
lumayan tamba kesel.

jangdede



2009/8/28, brad porenges <porengesb...@yahoo.com>:
>
>
>
>   Hatur nuhun ka uwa Surtiwa, MJ sareng baraya nu sanesna perkawis dadaran
> eureup-eureupna. Dua sasih kapengker abdi ditaros ngeunaan eureup-eureup
> oge. Lieur nu aya...da mung nguping teh ngan hiji sato we, kumaha jenisna...
> puguh gideug!  Da kapungkur oge upami malik nanya kitu...malah
> disalenggorkeun "Ari rek sare teh kudu babacaan heula, siah!", kitu ceuk
> kolot abdi. Ceuk Abdi mah eureup-eureup teh walanda atawa belanda!
>
> buktos 1:
> Baheula keur budak, aya hiji kaulinan namina eureup-eureup. Eureup-eureupan
> yu!
> Diulinkeun ku sababaraha hiji budak, ngantay patutur-tutur. Budak nu
> ditukang leungeuna ditumpangkeun kan pundak nu dihareup, kitu terus tepi
> kabeak katukang bari sirah tungkul kana taneuh sakapeung bari peureum. Budak
> nu tihareup  leumpang tiheula, dituturkeun kunu ditukang. Sajajalan nu
> ditukang nanya kanu panghareupna, raeng! Eureup-eureup? Nu panghareupna
> nembalan, "Jauh keneh!".
>
> buktos 2:
> Geus prah pan di Endonesia mun aya hiji kayaan nu kabereg atawa naon we nu
> sok asa kaburu-buru kudu gancang anggeus, aya kekecapan atawa paribasa,
> "Tenang belanda masih jauh"!
>
> Hehehe....jadi eureup-eureup sami sareng walanda!
>
> Wilujeng saum!
>
> porenges
>
>
>
> 
>

Kirim email ke