Palay apal walanda mah apan tiasa kukurilingan nganggo parahu, muhun upami bade 
ngalongok bumi kaca,lampu beureum,hordeng satin mah langkung sae saentosna 
bulan puasa.Titip salam kanggo bung karno di madame T.




________________________________
From: mj <ja...@itenas.ac.id>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, August 28, 2009 8:51:18 PM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] eureup-eureup [=walanda]

  
Hahaha kaci kang. babasan ayeuna mah pikeun sakuringeun ka barudak di kampus 
sipatna kontemporer alias ayeuna. Kieu "tenang we atuh, da belandana ge geus 
baralik ka nagarana haha. Hayang apal nagri walanda teh siga kumaha sugan 
pareng ke tas lebaran sugan. Da ayeuna mah cenah puasa di dinya bukana peuting 
dua tilu jam ti waktu tropis heuheu. 
sent by strob...@cihideung bandung :)
________________________________
From: brad porenges 
Date: Fri, 28 Aug 2009 06:29:19 -0700 (PDT)
To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] eureup-eureup [=walanda]
  
Hatur nuhun ka uwa Surtiwa, MJ sareng baraya nu sanesna perkawis dadaran 
eureup-eureupna. Dua sasih kapengker abdi ditaros ngeunaan eureup-eureup oge. 
Lieur nu aya...da mung nguping teh ngan hiji sato we, kumaha jenisna... puguh 
gideug!  Da kapungkur oge upami malik nanya kitu...malah disalenggorkeun "Ari 
rek sare teh kudu babacaan heula, siah!", kitu ceuk kolot abdi. Ceuk Abdi mah 
eureup-eureup teh walanda atawa belanda!

buktos 1: 
Baheula keur budak, aya hiji kaulinan namina eureup-eureup. Eureup-eureupan yu!
Diulinkeun ku sababaraha hiji budak, ngantay patutur-tutur. Budak nu ditukang 
leungeuna ditumpangkeun kan pundak nu dihareup, kitu terus tepi kabeak katukang 
bari sirah tungkul kana taneuh sakapeung bari peureum. Budak nu tihareup  
leumpang tiheula, dituturkeun kunu ditukang. Sajajalan nu ditukang nanya kanu 
panghareupna, raeng! Eureup-eureup? Nu panghareupna nembalan, "Jauh keneh!". 

buktos 2: 
Geus prah pan di Endonesia mun aya hiji kayaan nu kabereg atawa naon we nu sok 
asa kaburu-buru kudu gancang anggeus, aya kekecapan atawa paribasa, "Tenang 
belanda masih jauh"! 

Hehehe....jadi eureup-eureup sami sareng walanda!

Wilujeng saum!

porenges 
  

 




      

Kirim email ke