>  Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@...> wrote:
> Patali sareng musibah lini, numutkeun warta mah anu di Tasikmalaya 
> kajadianana tabuh 15.04, Padang tabuh 17.16, lini susulan tabuh 
> 17.58, lajeng lini di Jambi tabuh 08.52.
> Kanggo bahan lenyepaneun, mangga buka Al Quran luyu sareng angka-angka eta.
> Contona : Tasik tabuh 15.04. Buka Quran Surat 17 ayat 04 !

Pangapunten pisan Kang, kuring rada helok, ari Akang kenging data timana lini 
di Tasik nu tanggal 2 September 2009 jam 15:04? Data ti BMG 
(http://www.bmkg.go.id/60gempa.bmkg#) lini di Tasik 2 September nu ngarusak teh 
jam 14:55:10 WIB! (lamun nganggo GMT/UTC dikurangan 7 jam)

Data sanesna:
1) Lini di Sumbar 30 September 2009 jam 17:16:09 WIB (leuwih 9 detik ti nu 
disebat ku akang 17:16)
2) Lini susulan 30 Spetember 2009 jam 17:38:52 WIB (akang nulis 17:58)
3) Lini di Sungai penuh Jambi (7,0 Richter), 1 oktober 2009 8:52:29 WIB

Janten jam-jam nu diserat ku akang teh nu cocog ukur lini di Padang nu 7,3 
Ricter jeung di Jambi nu 7.0 Richter. Kajantenan nu di Tasik jeung lini susulan 
di Padang mah teu cocog jeung catetan BMG. Tapi tiasa wae ketang, da jam/arloji 
mah kumaha jelema ngakurkeunana. Ngan ari jam BMG mah, tanggtu (atawa meureun) 
diakurkeun jeung standar internasional .....

Baktos,
WALUYA












Kirim email ke