> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
> Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut 
> syahid sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung "kinten-
> kinten", ari manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul 
> sabulu-bulu mun nyabit-nyabit perkara basa "cobian, azab, sareng 
> saentraganana" da eta parantos ti karuhunna 'percanten' kana 
> eksistensi Qur'an, sedengkeun dina
> Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun 
> referensi teh,
> janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa
> "nginten-nginten" oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi 
> (palebah dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong 
> dugika patojaiyah)

Asa ngambang waleran Akang teh, ongkoh sapuk jeung MUI nu nyebutkeun syahid, 
tapi keukeuh perkara "cobian, azab sareng saentraganana" teu kudu panas ceuli. 
Maksadna kumaha? MUI ngaluarkeun sebutan SYAHID ka nu pupus, salian keur mere 
EMPATI kanu katunggaraan, oge keur alesan kapraktisan, nu maot syahid TEU KUDU 
DIPULASARA saperti nu pupus normal. 

Perkara bancang pakewuh disebut COBIAN, COCOBA, UJIAN HIRUP kuring teu masalah 
jeung satuju pisan, da eta mah sebutan ilahar jeung teu nuduh. Tapi sebutan 
BEBENDON atawa AZAB kana bancang pakewuh, salaku manusa nu teu daya, teu upaya, 
kuring teu satuju, sabab eta geus ngahakiman, ngalangkungan Gusti Nu Murbeng 
Alam. Kuring ngarasa lain hak manusa, nyebut BEBENDON jeung AZAB kana bancang 
pakewuh. 

Kaum Nabi Luth kenging bebendon ti Gusti, enya kuring yakin. Tapi sadayana oge 
teu aya nu terang nganggo naon Gusti teh dina ngahukum kaum Nabi Luth sabab 
lini (ombak taneuh) teh sumber enerjina rupa-rupa. Tah nu ayeuna diurang mah 
dipicu ku tubrukan/ gesekan lempeng2 tektonik nu mangrupakeun phenomena alam. 
Jadi teu tiasa dibanding-banding jeung ditafsirkeun sangeunahna, kajadian 
ngahukumna Gusti ka kaum Nabi Luth (nu urang teu terang nganggo naon?) jeung 
kajadian lini ayeuna. Lini nu diakibatkeun phenomena alam, sabenerna ampir 
unggal poe oge aya, ngan skalana laleutik. Nu dialajar seismologi pasti 
arapaleun ieu. 

Tah ayeuna, supaya jelas, Akang masih teu sapagodos jeung kuring atawa ayeuna 
mah sapagodos, perkara teu satujuna kuring kana sebutan BEBENDON kana bancang 
pakewuh lini?

Baktos,
WALUYA







Kirim email ke