Heuheu....

Sumuhun apan, ti kapungkur ge si kuring teu nyebut "bebendon" jrrd teh bari
nunjuk pangambung, sagalarupina pinuh ku tatatiti duduga peryoga, si kuring
boga dulur (dulur jauh) di pangalengan anu kakenaan bancang pakewuh, si
kuring nya ngomong harita kieu, "keun sing sabar we pa ieu teh cobian keur
urang anu masih kumelendang keneh di alam dunya, dina inyana aya bebendon,
nya sagalarupina urang pasrahkeun kanu Maha Kawasa, emutaneun jeung urang
sami-sami omean sagala polah urang kapayunna, keun perkara dunya nu
paburantak mah bisa dikipayahan nu penting tegerkeun heula manah, wangun
deui kapercayaan diri yen Allah salalawasna nyarengan urang."

 

Apan dijawabana oge bari carinakdak, sumuhun sumuhun ceunah, padahal mun
ngukur umurmah antara kuring jeung si bapa eta asa jauh, tapi ari pinuh ku
tatatiti duduga peryoga tea mah sagalarupana moal matak jadi bahala, mereun
beda mun nyarita bari tanpa ugeran, sanajan nu diomongan jalma sabar kacida
ari ditunjuk bari teu puguh alangujurna yen ieu teh siksaan, azab (sasaha
oge baris panuju atuh, naon dasarna manehna nyebut kajadian eta mangrupa
bebendon?) pastina si sabar eta ngadon nyabut bedul eh..bedil....

Palebah dieu boh kuring boh bah Waluya sapuk deuk ngaburak barik jalma nu
saengabna nyebut kieu, tapi mun nyebutna pinuh ku harti (bil hikmah) nya si
kuring nganggap siga diluhur teh ilahar malah komentar2 kuring sateuacanna
oge maksudna kitu pisan...teu aya pleus mineus na...

 

Dina salah sahiji hadits disebutkeun, ciri2 jalma syahid teh rupa-rupa, anu
maot titeleum, nu ngajuru, nu keuna panyakit beteung, jrrd, tah salah
sahijina nyaeta nu keuna bancang pakewuh siga lini ieu, ieu pangna MUI
nyebut yen maranehna asup golongan syahid, kuring satuju pisan, ngan kudu di
inget teh nyaeta sebutan syahid anu kaluar tina tikoro manusa nu masih keneh
harirup (kaasup MUI jeung para masyaikh) teu leuwih ti ngan saukur do'a,
mangkana sok dipiheulaan ku kalimah "InsyaAllah", da nu puguhmah mung
Pangeran nu kawasa nempatkeun saha2na jaga...

 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Waluya
Sent: 09 Oktober 2009 5:56
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam?

 

  

> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
> Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut 
> syahid sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung "kinten-
> kinten", ari manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul 
> sabulu-bulu mun nyabit-nyabit perkara basa "cobian, azab, sareng 
> saentraganana" da eta parantos ti karuhunna 'percanten' kana 
> eksistensi Qur'an, sedengkeun dina
> Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun 
> referensi teh,
> janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa
> "nginten-nginten" oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi 
> (palebah dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong 
> dugika patojaiyah)

Asa ngambang waleran Akang teh, ongkoh sapuk jeung MUI nu nyebutkeun syahid,
tapi keukeuh perkara "cobian, azab sareng saentraganana" teu kudu panas
ceuli. Maksadna kumaha? MUI ngaluarkeun sebutan SYAHID ka nu pupus, salian
keur mere EMPATI kanu katunggaraan, oge keur alesan kapraktisan, nu maot
syahid TEU KUDU DIPULASARA saperti nu pupus normal. 

Perkara bancang pakewuh disebut COBIAN, COCOBA, UJIAN HIRUP kuring teu
masalah jeung satuju pisan, da eta mah sebutan ilahar jeung teu nuduh. Tapi
sebutan BEBENDON atawa AZAB kana bancang pakewuh, salaku manusa nu teu daya,
teu upaya, kuring teu satuju, sabab eta geus ngahakiman, ngalangkungan Gusti
Nu Murbeng Alam. Kuring ngarasa lain hak manusa, nyebut BEBENDON jeung AZAB
kana bancang pakewuh. 

Kaum Nabi Luth kenging bebendon ti Gusti, enya kuring yakin. Tapi sadayana
oge teu aya nu terang nganggo naon Gusti teh dina ngahukum kaum Nabi Luth
sabab lini (ombak taneuh) teh sumber enerjina rupa-rupa. Tah nu ayeuna
diurang mah dipicu ku tubrukan/ gesekan lempeng2 tektonik nu mangrupakeun
phenomena alam. Jadi teu tiasa dibanding-banding jeung ditafsirkeun
sangeunahna, kajadian ngahukumna Gusti ka kaum Nabi Luth (nu urang teu
terang nganggo naon?) jeung kajadian lini ayeuna. Lini nu diakibatkeun
phenomena alam, sabenerna ampir unggal poe oge aya, ngan skalana laleutik.
Nu dialajar seismologi pasti arapaleun ieu. 

Tah ayeuna, supaya jelas, Akang masih teu sapagodos jeung kuring atawa
ayeuna mah sapagodos, perkara teu satujuna kuring kana sebutan BEBENDON kana
bancang pakewuh lini?

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke