Alhamdulillah, nuhun pisan ka na komentarna.
Tah bahasa Kang dudi teh merenah, basa Sunda loma.
Teu nanaon; sok lah. Nu salah teh, hayang make undak usuk; tapi
bari teu bener. Nu matak ulah we ngomong soal DAMANG, TUANG jsb. lantaran sok 
salah kaprah. Keun we tong lelemesan lah. Hese memang Basa Sunda nu aya undak 
usukna mah.

Nu matak papagah ti ayeuna ulah sok gana2 make basa PUN misalna.
Geus we hese2 teuing mah bapa kuring, matak naon. Da eta nu bener.
Kapan hayang alus bari nyebut PUN RAMA ! Padahal salah.
Pun indung; pan kuduna mah pun bapa; pun biang !
Jadi maning ge sebut we indung kuring, bapa kuring !
Tah eta basa loma. Anak kuring. atawa pun anak. Lain pun putra!

Ieu nu salah kaprah deui wae : BUMI ABDI !
Imah kuring geus alus tah. mun arek ge mangga ka rorompok.
Teu kudu disebut rorompok kuring. Lamun ka batur, kakara nyebut dimana bumi teh 
? Atawa dimana linggihna ?

Nu matak sakali deui maning keneh basa biasa wae; basa LOMA lah.
Ulah make uundakan uusukan; bari teu tepat.
Kitu ari cek kuring mah.


--- In urangsunda@yahoogroups.com, dudi mulyadi <dudi_m2...@...> wrote:
>
> Satuju pisan kang Abbas, sakuduna kanu langkung ngartos ngabenerkeun basa 
> sundana urang nu teu ninggang kekecrekna. 
> Kuring sorangan kadang teu pati ngarti mana nu bener mana nu salah, tapi ari 
> kahayang  mah bisa nyarita atawa nulis basa sunda kalawan bener.
> Saha deui atuh nu bisa menerkeun sakumaha kuduna nyarita dina basa sunda 
> lamun lain urang sorangan. 
> Jadi ka sing saha wae anu boga pangartina , sok lah ulah asa asa menerkeun 
> saha wae anu basa sundana can pati bener .
> Kang Abbas teu kedah asa asa ngoreksi nu basana can pati bener.
> Nuhun kang Abbas
> 
> Wassalam
> Dudi
> 
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Kepada: kisunda <kisu...@yahoogroups.com>
> Cc: urangsunda <urangsunda@yahoogroups.com>
> Terkirim: Jum, 18 Desember, 2009 07:03:09
> Judul: [Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
> 
>   
> Aya nu lucu soal praktek nyarita di na Basa Sunda teh, nu kaalaman ku kuring 
> di Kantor.
> Harita teh taun 1986 anyar keneh asup ka Total di Balikpapan. Aya hiji jajaka 
> urang
> Bandung Asli nanya ka kuring : Kang kumaha damang ?
> cek kuring teh : sae.
> Naha ari geus kitu teh manehna ngomong kieu :Naha nya Urang Sunda ayeuna 
> seueur
> nu kalasar ? padahal kapan aya bahasa lemes ? lamun ku urang ditaros tuang, 
> jawabna
> teh kuring mah daharna engke cenah . Naha nya Kang Urang Sunda ayeuna mah 
> kalasar ?
> Sajongjonan kuring ngahuleng, teu bisa ngajawab; lantaran nu dicaritakeun ku 
> eta jajaka 
> teh malah tibalik. Malah manehna nu teu bener !
> Wah kumaha yeuh ngajelaskeunana ? Cek kuring di na hate.
> Tapi biasa kuring mah tara NGANTEP ka jalma nu kurang NYAHO, supaya jadi 
> NYAHO;
> nya ku kuring dibejer beaskeun perkara Undak Usuk Basa Sunda. Manehanana
> ngahuleng we. 
> "Mun teu percaya sok we taroskeun ka ibu rama engke di Bandung." cek kuring
> ngayakinkeun.
> Plengles we nepi ka dua bulanan, geus kitu kurunyung deui manehna bari rada
> semu era; enya we geuning Kang; tapi cek pun RAMA ( ku kuring dibenerkeun deui
> jadi pun bapa ); hese cenah basa Sunda teh."
> 
> Kuring seuri, nya eta nu matak ge, hese. Nu matak langka nu bisaeun.
> 
> Tah ieu pangalaman teh maksudna geuning jadi tibalik nu salah dibenerkeun ; nu
> bener disalahkeun ! Lantaran salah kaprah tea; bari euweuh nu menerkeun.
> Jadi we nuduh nu lain lain.
> 
> Nu matak mun aya nu hahandap asoran bari teu puguh; ti ayeuna mah gancang
> benerkeun; bari diomongan make Basa Sunda LOMA we kituh, ari teu bisa mah 
> Undak Usukna.
> 
> Sakali deui, kade ulah salah sangka ka kuring; yen kuring hayang 
> mempertahankeun
> UNDAK USUK ! Lain ! Lain kitu. Tapi kudu bener we. Mun basa LOMA sok sing 
> bener !
> Mun undak usuk, aya tata carana.
> 
> Jadi sakali deui kuring hayang KONSISTEN. Ulah teu pararuguh.
> 
> Kuring baheula mindeng ngabenerkeun; lain masalah Basa LOMA jeung undak 
> usukna; tapi ngomong basa nu cenah damang, bumi, tuang jste. tapi salah 
> kaprah !
> 
> Komo bari nyebut PUN RAKA, pun IBU, pun RAMA mah.
> Eta kudu dibenerkeun; lantaran ka na BASA LOMA teu ASUP; kana Undak USUK komo
> deui. Basa Sunda sakahayang tea eta mah. da teu tepat, teu bener !
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 
>       Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser 
> ke Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di sini! 
> http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer
>


Kirim email ke