Teu singna ngahesekeun. Da teu ngeunah kadengena ongkoh make
basa UNDAK UNDUK tapi teu bener ! Pan maning make BASA Loma sakali !
Tapi nu bener deuih ulah campur aduk !
Nu matak KECAP damang, tuang maning oge tong dipake ari teu bisa
mah ? Kapan loba kecap sejen keur gantina.

Pek wae make undak usuk oge; nu rek nuluykeun mah kitu; tapi
kudu bener ! Jadi Basa SUNDA teh atuh ulah jadi SALAH !
Rek ku BASA LOMA atawa undak USUK bebas ! Ngan kudu BENER !

Kitu nu dipikahayang ku kuring mah.

Yauh aya pangalaman :
Cek kuring teh :"Kuring ari dahar beurang kira2 jam 1:00."
Ari celengkeung teh hiji urang Sunda ka kuring ngomong rada ngaharewos :" Kang, 
geuning kasar nya ? Ayeuna mah yos LANGKI nya nu Basa Sunda lemes teh."
"Kudu kumaha kituh ?" luring nanya.
"Nya atuh tuang...........emam........."
Kuring teu kuat nahan seuri . Cek kuring bari ngagakgak:"Tah eta teh
salah ! Mun keur diri sorangan entong nyebut tuang," Eta mah keur
batur; engke mun balik ka Bandung pek ka Ibu rama taroskeun."
Sajongjonan mah babaturan teh ngahuleng we.
Sabulan ti harita, manehna balik ti Bandung. Manehna bari rada era
ngomong ka kuring:"enya we geuning kang, bener cek akang. Ah nyata
basa Sunda teh susah geuning."

Tah ku ieu pangalaman; kaharti teu naon sababna kuring sok ribut !?
Atuh da nganggap tuang, damang teh basa LEMES; bari nyalahkeun ka BATUR ! 
Padahal BENER. Justru manehanana nu salah.

Ieu naon hartina ? Hartina urang Sunda teu diajar nu bener !

Pek wae make basa loma oge tapi ulah campur aduk !
Jadi sareukseuk kana ceulina.
Ulah make lelemesan. Da euweuh basa sunda lemes.
Aya ge nya eta undak usuk tea.

Jadi montong make hahandap asoran. Geus we basa loma tea nu gampang !
Da sagala ge aya aturanana.

Kecuali lamu US hayang boga basa Campur ADUK !
Tah eta mah kumaha dinya .
Da Basa Sunda nu bener teh aya ! Boh Loma, boh undak usuk.
Jadi nu dimaksud ku jalakpakuan ulah ngahesekeun teh keun wae
campur aduk antara basa undakusuk jeung loma; bari teu puguh
cecekelanana ???
Cing kuring hayang apal; maom mu dipimaksud ku kang jalakpakuan.
Sok der lah. kuring rek nanggap.
 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, jalakpak...@... wrote:
>
> Ulah jadi hese deui bae. Nu memang geus diajar jeung biasa make undak usuk 
> bebas  neruskeun, nya mun eureun oge teu nanaon. 
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: "Abbas" <abas_ami...@...>
> Date: Fri, 18 Dec 2009 01:51:46 
> To: <urangsunda@yahoogroups.com>
> Subject: Re: Bls: ..[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
> 
> Alhamdulillah, nuhun pisan ka na komentarna.
> Tah bahasa Kang dudi teh merenah, basa Sunda loma.
> Teu nanaon; sok lah. Nu salah teh, hayang make undak usuk; tapi
> bari teu bener. Nu matak ulah we ngomong soal DAMANG, TUANG jsb. lantaran sok 
> salah kaprah. Keun we tong lelemesan lah. Hese memang Basa Sunda nu aya undak 
> usukna mah.
> 
> Nu matak papagah ti ayeuna ulah sok gana2 make basa PUN misalna.
> Geus we hese2 teuing mah bapa kuring, matak naon. Da eta nu bener.
> Kapan hayang alus bari nyebut PUN RAMA ! Padahal salah.
> Pun indung; pan kuduna mah pun bapa; pun biang !
> Jadi maning ge sebut we indung kuring, bapa kuring !
> Tah eta basa loma. Anak kuring. atawa pun anak. Lain pun putra!
> 
> Ieu nu salah kaprah deui wae : BUMI ABDI !
> Imah kuring geus alus tah. mun arek ge mangga ka rorompok.
> Teu kudu disebut rorompok kuring. Lamun ka batur, kakara nyebut dimana bumi 
> teh ? Atawa dimana linggihna ?
> 
> Nu matak sakali deui maning keneh basa biasa wae; basa LOMA lah.
> Ulah make uundakan uusukan; bari teu tepat.
> Kitu ari cek kuring mah.
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, dudi mulyadi <dudi_m2003@> wrote:
> >
> > Satuju pisan kang Abbas, sakuduna kanu langkung ngartos ngabenerkeun basa 
> > sundana urang nu teu ninggang kekecrekna. 
> > Kuring sorangan kadang teu pati ngarti mana nu bener mana nu salah, tapi 
> > ari kahayang  mah bisa nyarita atawa nulis basa sunda kalawan bener.
> > Saha deui atuh nu bisa menerkeun sakumaha kuduna nyarita dina basa sunda 
> > lamun lain urang sorangan. 
> > Jadi ka sing saha wae anu boga pangartina , sok lah ulah asa asa menerkeun 
> > saha wae anu basa sundana can pati bener .
> > Kang Abbas teu kedah asa asa ngoreksi nu basana can pati bener.
> > Nuhun kang Abbas
> > 
> > Wassalam
> > Dudi
> > 
> >________________________________
> > Dari: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > Kepada: kisunda <kisu...@yahoogroups.com>
> > Cc: urangsunda <urangsunda@yahoogroups.com>
> > Terkirim: Jum, 18 Desember, 2009 07:03:09
> > Judul: [Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
> > 
> >   
> > Aya nu lucu soal praktek nyarita di na Basa Sunda teh, nu kaalaman ku 
> > kuring di Kantor.
> > Harita teh taun 1986 anyar keneh asup ka Total di Balikpapan. Aya hiji 
> > jajaka urang
> > Bandung Asli nanya ka kuring : Kang kumaha damang ?
> > cek kuring teh : sae.
> > Naha ari geus kitu teh manehna ngomong kieu :Naha nya Urang Sunda ayeuna 
> > seueur
> > nu kalasar ? padahal kapan aya bahasa lemes ? lamun ku urang ditaros tuang, 
> > jawabna
> > teh kuring mah daharna engke cenah . Naha nya Kang Urang Sunda ayeuna mah 
> > kalasar ?
> > Sajongjonan kuring ngahuleng, teu bisa ngajawab; lantaran nu dicaritakeun 
> > ku eta jajaka 
> > teh malah tibalik. Malah manehna nu teu bener !
> > Wah kumaha yeuh ngajelaskeunana ? Cek kuring di na hate.
> > Tapi biasa kuring mah tara NGANTEP ka jalma nu kurang NYAHO, supaya jadi 
> > NYAHO;
> > nya ku kuring dibejer beaskeun perkara Undak Usuk Basa Sunda. Manehanana
> > ngahuleng we. 
> > "Mun teu percaya sok we taroskeun ka ibu rama engke di Bandung." cek kuring
> > ngayakinkeun.
> > Plengles we nepi ka dua bulanan, geus kitu kurunyung deui manehna bari rada
> > semu era; enya we geuning Kang; tapi cek pun RAMA ( ku kuring dibenerkeun 
> > deui
> > jadi pun bapa ); hese cenah basa Sunda teh."
> > 
> > Kuring seuri, nya eta nu matak ge, hese. Nu matak langka nu bisaeun.
> > 
> > Tah ieu pangalaman teh maksudna geuning jadi tibalik nu salah dibenerkeun ; 
> > nu
> > bener disalahkeun ! Lantaran salah kaprah tea; bari euweuh nu menerkeun.
> > Jadi we nuduh nu lain lain.
> > 
> > Nu matak mun aya nu hahandap asoran bari teu puguh; ti ayeuna mah gancang
> > benerkeun; bari diomongan make Basa Sunda LOMA we kituh, ari teu bisa mah 
> > Undak Usukna.
> > 
> > Sakali deui, kade ulah salah sangka ka kuring; yen kuring hayang 
> > mempertahankeun
> > UNDAK USUK ! Lain ! Lain kitu. Tapi kudu bener we. Mun basa LOMA sok sing 
> > bener !
> > Mun undak usuk, aya tata carana.
> > 
> > Jadi sakali deui kuring hayang KONSISTEN. Ulah teu pararuguh.
> > 
> > Kuring baheula mindeng ngabenerkeun; lain masalah Basa LOMA jeung undak 
> > usukna; tapi ngomong basa nu cenah damang, bumi, tuang jste. tapi salah 
> > kaprah !
> > 
> > Komo bari nyebut PUN RAKA, pun IBU, pun RAMA mah.
> > Eta kudu dibenerkeun; lantaran ka na BASA LOMA teu ASUP; kana Undak USUK 
> > komo
> > deui. Basa Sunda sakahayang tea eta mah. da teu tepat, teu bener !
> > 
> > 
> >  
> > 
> > 
> > 
> > 
> >       Akses email lebih cepat. Yahoo! menyarankan Anda meng-upgrade browser 
> > ke Internet Explorer 8 baru yang dioptimalkan untuk Yahoo! Dapatkan di 
> > sini! 
> > http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer
> >
>


Kirim email ke