hiha bagea kang dudi

bener teh gumantung ka dadasar/asumsi nu ku urang dipake. jigana akang jeung
bah abas mah masih nyepeng bebeneran uubs nya? najan enya ge nyarankeun
sangkan basa sunda loma nu digunakeun. keur kuring mah, conto nu didamel ku
akang kedahna mah leres mun uubs dileungitkeun. memang keur saheulaanan mah,
utamana keur nu kungsi nyepeng uubs, kadanguna bakal rungseb. jiga preman
ngomong ka pulisi saur akang tea mah. tapi da lila-lila mah kakupingna bakal
biasa...

dudi ogew

2009/12/18 dudi mulyadi <dudi_m2...@yahoo.com>

>
>
> Kang Jalakpakuan,
> Ari akang ngarti teu naon anu disebut basa undak unduk basa ,basa loma,
> jeung basa nu bener jeung nu teu bener ngalarapkeunana?
> Nu disebut basa teu bener teh upama urang niatna hayang make basa undak
> unduk basa tapi makena  teu merenah.
> Upamana kulantaran  hayang  dianggap  andap asor terus  make kecap kieu
> misalnya.
> " Duh abdi teh kamari mah nembe tiasa KULEM jam 12 wengi.Kumargi TUANG na
> kawengian teuing .Atuh GUGAHna  janten KASIANGAN, padahal di BUMI abdi teu
> aya nu tiasa NGAGUGAHKEUN"
> Tah conto nu ditulis make hurup kapital diluhur basana teu bener. Make
> kecap undak unduk anu salah ngalarapkeunnana. Kabeh kecap diluhur kakara
> bener lamun pikeun jalma  sejen anu dianggap leuwih kolot atawa nu kudu
> leuwih diajenan ku urang.
> Kuring ge asa sareukseuk mun ngadenge  kecap nu salah ngalarapkeunnana teh
> ( sarua jeung kang Abbas) . Asa ngadenge preman pasar/terminal  ngomong ka
> pulisi.
>
> Mun hayang make kecap undak unduk anu bener kecap nu ditulis  ku hurup
> kapital kuduna kieu :
> MONDOK keur gaganti KULEM, NEDA keur gaganti TUANG, HUDANG keur gaganti
> GUGAH, KABEURANGAN keur gantina KASIANGAN, ROROMPOK keur gantina BUMI,
> NGAHUDANGKEUN keur gantina NGAGUGAHKEUN. Kira kirana leres teu kang Abbas ?
> Pek baca oge katerangan ti kang Abbas.
> Kuring Insya Alloh bisa konsekwen lamun hayang make basa nu mana oge. Naha
> make basa loma saperti nu ayeuna ku kuring dipake ka kang Jalak
> pakuan, atawa basa anu make undak unduk. Kabeneran kolot kuring  di lembur
> masih  keneh aya nu make undak unduk basa. Lamun kuring nyarita make basa
> loma ka aranjeunna  teh sok  kaciri nyureng.
> Sugan katerangan kuring kaharti ku kang Jalakpakuan ( basa loma) atawa
> Manawi kang Jalak pakuan ngartos  kana sakur kecap anu disanggemkeun ku sim
> kuring ( make undak unduk basa, kulantaran kuring nganggap kang Jalak pakuan
> teh  leuwih kolot batan kuring .Teu apal saha kang Jalak teh ).
> Kaharti henteu ?( loma) atawa Naha kahartos ku  juragan ? ( undak unduk).
> He...he..he
> Hampura kuring oge lain ahli basa sunda, oge aki buyut kuring ti indung
> kuring lain urang sunda pituin, tapi urang Jawa ti Pakalongan. Tapi kuring
> masih keneh hayang diajar make basa sunda nu bener. Naha make  basa loma
> atawa basa  nu make undak unduk.Insya Alloh teu masalah
>
> Nuhun
> Dudi
>
>  ------------------------------
> *Dari:* "jalakpak...@yahoo.com" <jalakpak...@yahoo.com>
> *Kepada:* dudi mulyadi <dudi_m2...@yahoo.com>
> *Terkirim:* Jum, 18 Desember, 2009 13:30:02
> *Judul:* Re: Bls: ..[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
>
> Konsekuen atuh kang, lamun teu make undak usuk basa teu kaci aya bener teu
> bener, kabeh sajajar lin?
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke