Pasipatanana  Basa Sunda
Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina leotanana  
mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis, malah leuwih hade 
meureun.
 
Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha kaendahanana 
jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa asing  teh 
didangdingkeun, kieu unina :
 
Basa  Sunda upami ditilik,
Dititenan pasipatanana,
Ebreh eces wandana teh,
 Pangadeg nu sampulur,
Alus laur sinareng ginding,
Tur pohara gandangna,
Kewes mulus tangtung,
Cahayana ngagenyas  herang,
Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,
Gilapna lir permata.
 
Lir ciibun anu ngagarawing,
Nu maruntang dina dangdaunan,
Ngagarendang ting poncorong,
Cinyusu luhur gunung,
Anu muntang na cadas nawing,
Ana mangsana nyakclak,
Tina luhur gunung,
Kapireng sorana mencrang,
Guluyurna sora sari cai tarik,
Turun tina pagunungan.
 
Margaluyu sada cai tarik,
Anu nyorang tanah padataran,
Matak nyuat kana hate,
Husada ka nu Liwung,
Kadya mojang nu ngahariring,
Ana ninggang keur hegar,
Lir keureuleung angklung,
Pratengtang taya karingrang,
Ninggang sedih lumengis lir sora suling,
Sipatna basa Sunda.
 
Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.
 
Baktos abdi
Gagak Hideung.


      Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman 
ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Reply via email to