Hapunten abdi ge teu acan gaduh peperinianna, mudah2an wargi anu sanesna aya nu 
kagungan.

Baktos abdi
Gagak hideung


________________________________
Dari: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sen, 1 Maret, 2010 01:12:49
Judul: Re: [Urang Sunda] Pasipatanana Basa Sunda

  
ari kuring mah hoyong ngumaha ka ki gagak bandung, sugan nyimpen keneh, 
ngeunaan gambaran nu dijieun ku salah saurang ahli basa bangsa eropa eta... da 
mun ukur dangding r.i. adiwidjaja mah lir ibarat kuring muji ka anak sorangan 
haha... kabeh anak kuring pasti kasep jeung geulisna

:)


2010/2/27 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com>

  
>Pasipatanana  Basa Sunda
>Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina leotanana  
>mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis, malah leuwih hade 
>meureun.
> 
>Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha kaendahanana 
>jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa asing  teh 
>didangdingkeun, kieu unina :
> 
>Basa  Sunda upami ditilik,
>Dititenan pasipatanana,
>Ebreh eces wandana teh,
> Pangadeg nu sampulur,
>Alus laur sinareng ginding,
>Tur pohara gandangna,
>Kewes mulus tangtung,
>Cahayana ngagenyas  herang,
>Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,
>Gilapna lir permata.
> 
>Lir ciibun anu ngagarawing,
>Nu maruntang dina dangdaunan,
>Ngagarendang ting poncorong,
>Cinyusu luhur gunung,
>Anu muntang na cadas nawing,
>Ana mangsana nyakclak,
>Tina luhur gunung,
>Kapireng sorana mencrang,
>Guluyurna sora sari cai tarik,
>Turun tina pagunungan.
> 
>Margaluyu sada cai tarik,
>Anu nyorang tanah padataran,
>Matak nyuat kana hate,
>Husada ka nu Liwung,
>Kadya mojang nu ngahariring,
>Ana ninggang keur hegar,
>Lir keureuleung angklung,
>Pratengtang taya karingrang,
>Ninggang sedih lumengis lir sora suling,
>Sipatna basa Sunda.
> 
>Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.
> 
>Baktos abdi
>Gagak Hideung.
>________________________________

>_._,___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke