Cing Kang Gagak rada diebrehkeun, naon lilingeranana nu dipake pikeun
ngabandingkeun hiji basa jeung basa lianna. Ngarah uing teu ukur ambon
sorangan, sering umaku basa urang leuwih punjul ti basa sejen.
-mh-

2010/2/27 Gagak Bandung <gagak...@yahoo.com>

>
>
> Pasipatanana  Basa Sunda
>
> Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina
> leotanana  mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis, malah
> leuwih hade meureun.
>
>
>
> Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha
> kaendahanana jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa
> asing  teh didangdingkeun, kieu unina :
>
>
>
> Basa  Sunda upami ditilik,
>
> Dititenan pasipatanana,
>
> Ebreh eces wandana teh,
>
>  Pangadeg nu sampulur,
>
> Alus laur sinareng ginding,
>
> Tur pohara gandangna,
>
> Kewes mulus tangtung,
>
> Cahayana ngagenyas  herang,
>
> Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,
>
> Gilapna lir permata.
>
>
>
> Lir ciibun anu ngagarawing,
>
> Nu maruntang dina dangdaunan,
>
> Ngagarendang ting poncorong,
>
> Cinyusu luhur gunung,
>
> Anu muntang na cadas nawing,
>
> Ana mangsana nyakclak,
>
> Tina luhur gunung,
>
> Kapireng sorana mencrang,
>
> Guluyurna sora sari cai tarik,
>
> Turun tina pagunungan.
>
>
>
> Margaluyu sada cai tarik,
>
> Anu nyorang tanah padataran,
>
> Matak nyuat kana hate,
>
> Husada ka nu Liwung,
>
> Kadya mojang nu ngahariring,
>
> Ana ninggang keur hegar,
>
> Lir keureuleung angklung,
>
> Pratengtang taya karingrang,
>
> Ninggang sedih lumengis lir sora suling,
>
> Sipatna basa Sunda.
>
>
>
> Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.
>
>
>
> Baktos abdi
>
> Gagak Hideung.
>
> ------------------------------
>  Menambah banyak teman sangatlah mudah dan 
> cepat.<http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/invite/>
> Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
>
> 

Reply via email to