Susuluk (motto) keur hiji lembaga biasana mah jadi roh dina hirup jeung huripna, satuluyna dibedah nepi ka jadi corporate culture (visi) tur sok dijieun papagon opersionalna (misi, sop).
Majalah bulanan basa Sunda Cupumanik napak dina susuluk Nyungsi Sunda nu Mandiri. Nyungsi (sungsi) hartina sarua jeung ngajugjug, kecap pagawean, didieu ngandung harti aya proses, aya prak-prakanana. Dina prak-prakanana nyungsi tangtu aya ugeran atawa ijiran nu sifatna strategi sangkan nu dijugjug teh tereh kahontal. Sunda, hiji entitas nu diwatesanan ku rohang (jeung waktu), togmolna entitas panggedena nu aya di Jawa Barat Banten. Dina rohang eta aya kabeungharan mangrupa alam, manusa (panglobana nu ngaku dirina urang Sunda) jeung budayana (material, non material). Mandiri ngandung harti percaya diri, percaya diri kana kahayangna, kamampuhna jeung pangaweruhna. Tina susuluk Nyungsi Sunda nu Mandiri, lawang pamuka aya dina kecap mandiri tur kecap mandiri leuwih nyoko kana sifat individual atawa personal. Hiji entitas (boh nagara, boh pakumpulan) bakal weweg lamun disokong ku individu nu percaya diri kana kahayangna, kamampuhna jeung pangaweruhna. Ngawangun Cupumanik teu beda jeung tarucing cakra atawa acak corak (puzzle) nu kudu dieusian pikeun ngajejeran Strategi Kabudayaan sangkan ngahontal Sunda nu Mandiri. Salah sahiji nu bakal mawa pangaruh sangkan mandiri nyaeta kasadaran literasi. Literasi atawa maca jeung nulis, enas-enasna maca teh bisa ngaderes tur nyurahan pamadegan batur jeung nulis teh ngadadarkeun pamadegan urang. Kudu diaku yen masarakat Sunda kana kasadaran literasi (Sunda) masih handap keneh atawa malah beuki nyirorot. Cek van Peursen mah Strategi Kabudayaan teh proses diajar nepi ka ngahasilkeun pamadegan nu diaku ku balarea. Tina Strategi Kabudayaan bakal mere ajen identitas ka anggota masarakatna. Urang Sunda dina hirup jeung huripna aya nu onjoy aya nu kurang onjoy, malah teu saeutik nu mere cap kurang hade (stigma), hartina identitas Sunda teh aya alusna aya gorengna. Sadar ka palebah dinya geuning strategi (kabudayaan Sunda) teh proses diajarna panjang keneh, lamun kitu ulah waka ngaku geus hatam ( ngaku Sunda pangalusna, bisi narsis, kurung batokeun, autis). Ku kituna Cupumanik mere lolongkrang dina ngama'naan identitas Sunda, yen tulisan teh kudu aya unsur rekonstruksi jeung dekonstruksi. Conto gampangna : Dekonstruksi : eraan, mangga ti/di payun, teu guyub, aing-aingan, poho ka sarakan, kurung batokeun, sok korupsi, dikritik sok pundung jste. Rekonstruksi : hade gawe (etos kerja), cageur bageur bener pinter wanter, cadu korupsi jste. Cupumanik lain majalah panglipur, lain majalah nu mawa angin sorga, tapi ubar keur ngahontal Sunda nu Mandiri, kritis ( dekonstruksi, rekonstruksi identitas Sunda), najan kitu tulisan nu ditepikeun kudu tetep aya dina lulurung etika jeung estetika Sunda. Nepi ka karasana ku nu maca teu nereg, tulisan teh kudu liat, lemes, teu matak baringsang tapi nyeureud (soft, smooth, silent but deadly, dicokot tina falasifah martial art, inti penca). Lemes lain hartina make basa lemes da Cupumanik mah geus boga ciri make basa loma, tapi lemes teh leuwih kana gaya tulisan, ngaguluyur lir make mobil dina jalan hotmix lain dina jalan batu nu garinjul. Ieu teh meureun luyu jeung etika Sunda saayeunaeun, urang Sunda teu pati resep ka nu ceplak pahang. Estetikana, mun bisa mah artikel mana wae ge tetep nyastra, rada murwakanti boh judul boh eusi. Panjang tulisan cukup 5.000 atawa 6.000 karakter ditambah spasi (4 atawa 5 kaca dina Cupumanik geus kaasup ilustrasi, lantaran Cupumanik ukuran A5). Cupumanik majalah basa Sunda, tapi lain ngan sakadar pindah basa, kudu aya bedana jeung media citak lain boh nu make basa Sunda deui komo jeung nu make basa nasional mah. Kukituna unggal tulisan satekah polah kudu aya patalina jeung Sunda (alam, manusa jeung budayana*)). Conto gampilna aya tulisan nu alus ngaguar perkara metafor dina sastra, ngan hanjakal nu dicontokeunana novel jeung sajak basa Indonesia, naha teu nyokot conto tina novel jeung sajak Sunda?. Pangaweruh nu nulis eta artikel teh luhung ngan hanjakal teu wanoh kana sastra Sunda. Kitu deui artikel sejen loba nu sawanda. Cupumanik nyekel sikep ieu teh maksudna sangkan fungsi sosial basa Sunda kahontal, basa Sunda lain ukur hirup dina sastra atawa seni pintonan. Strategi kabudayaan dina harti nu jembar (proses diajar) lain mangrupa undakan wangun piramid, nepi ka aya anggapan dina undak pangluhurna anegleng tujuan ideal, bisi kajiret ku dikotomi subyek-obyek. Keur Cupumanik mah Strategi Kabudayaan teh lir buleudan masif (bunder?), dina unggal titik dina beungeut buleudan (didieu maksadna tarucing cakra atanapi acak corak) aya unsur budaya ngawengku mitis, ontologis jeung fungsional, darajatna sarua pentingna. Jadi tulisan naon bae ge asal aya patalina jeung Sunda dianggap penting. Sabab sakabeh unsur budaya eta teh subyek, nu bakal mere kabeungharan kana kahirupan Sunda turta kamajuan (Cupumanik) salila make analisis nu rasional. Nu ditepikeun di luhur teh mangrupa strategi kabudayaan dina harti proses diajar keur Nyungsi Sunda nu Mandiri, ieu susuluk teh kudu jadi rohna Cupumanik (keur ditarekahan ku Redaksi, hasil henteuna mah, mangga nyanggakeun) . Tapi deuih strategi dina harti taktik (cek kamus mah rarancang nu gemet mangrupa kagiatan keur ngahontal tujuan husus, aya wates waktu tur aya tolok ukur hasilna) sangkan meunang perang ngalawan media sejen. Lamun ieu teh strategi sangkan meunang perang ngalawan media citak sejen, naha atuh diuar-uar. Kapan ari strategi mah kudu dipikanyaho ukur ku dirina (rengrengan ais pangampih upamana). Ah keun bae, sabab Cupumanik mah jembar, rek ditiron ku nu sejen ge pek teh teuing, da tujuan utamana mah sangkan Sunda mandiri, maju, luhung boga identitas nu hade jste. Ka baraya sadayana mangga geura nyerat artikel nu leubeut ku pangaweruh luyu sareng widang elmu sewang-sewangan, kintunkeun artikelna ka cupumanikmaja...@gmail.com atuh upami bade ngalanggan mangga kontak wae kana email eta atanapi ka telepon no. 022-7310625 atanapi kintun serat ka Redaksi Cupumanik Jl.Taman Kliningan II No.5 Bandung. Pun Mamat Sasmita. http://rumahbacabukusunda.blogspot.com *) Budaya dina harti nu lega lain harti nu heureut (kasenian wungkul)