Nu jelas mah awewe sunda atawa awewe jawa sarua saimbang; boga tugas jeung hak
masing2. Tapi di luar Pulo Jawa, tah kaciri awewe rada didengkek; meureun padang
wungkul nu naekeun harkat awewe teh.

--- On Tue, 3/30/10, mh <khs...@gmail.com> wrote:

From: mh <khs...@gmail.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sunda Vs Jawa
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, March 30, 2010, 9:18 PM







 



  


    
      
      
      salila uing di pilemburan sunda, nu katinggali ku uing mah antara

lalaki jeung awewe sunda aya pancen masing-masing. sakadar conto mari

kita toong nu pakait jeung urusan tatanen melak pare. dina mangsana

melak pare, lalaki kabagean macul, ngangler, ngagaru, jeung ngawuluku,

ari awewe kabagean nyiapkeun milih pibiniheun, tebar, babut, tandur,

ngarambet, jeung dibuat. lebah dieu katinggali yen sabenerna antara

awewe jeung lalaki sunda digawe babarengan. nu jiga kieu teh gampang

kapanggihna upama urang nyobaan survey ka pilemburan dina mangsana

usum nyawah jeung ngebon.



2010/3/30 Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>:

>> mh <khs...@...> wrote:

>> upama aya statemen persentase awewe jawa nu gawe maskulin leuwih loba

>> tinimbang awewe sunda, aya konsekuensi logis, hartina lalaki sunda

>> leuwih loba nu daraek gawe tinimbang lalaki jawa, bener teu nya ieu

>> pamanggih teh?

>

> Da cenah resep teuing nyonyoo manuk titiran (purukututut) .....hehehehe. Pa 
> Kyai teh sigana acan kungsi ka Bali. Di Bali, pagawean "beurat" nu ditempat 
> sejen mah, jarang atawa tara dipigawe awewe,  malah "full" dipigawe ku awewe. 
> SIga ngecet gedong jeung ngaspal jalan. Kuring kungsi nempo nu ngaspal jalan 
> di lembur di bali ampir awewe kabeh, hiji-hijina lalaki nu ngilu digawe 
> ngaspal, supir stoomna (nu sabenerna teu pati ngaluarkeun tanaga). Oge 
> sababraha etnik di Indonesia boga "budaya" nu ampir sarua, ngaharib-harib 
> urang Bali.

>

> Budaya samodel kieu, sabenerna teu pantes dipikahelok atawa dipikareueus, 
> sabab leuwih nunjukkan kumaha awewe "diperbudak" ku lalaki. Lalaki 
> senang-senang bari ngareungeukeun manuk disada, pamajikan dipaksa digawe 
> macul disawah!

>

> Baktos,

> WALUYA

>

>

>

> ------------ --------- --------- ------

>

> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id

> Yahoo! Groups Links

>

>

>

>



    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke