insya allah bade ngiringan....

baktos
tantan

2010/4/1 MSasmita <kuringm...@gmail.com>

>
>
>  Susuluk (motto) keur hiji lembaga biasana mah jadi roh dina hirup jeung
> huripna, satuluyna dibedah nepi ka jadi corporate culture (visi) tur sok
> dijieun papagon opersionalna (misi, sop).
>
> Majalah bulanan basa Sunda Cupumanik napak dina susuluk *Nyungsi Sunda nu
> Mandiri.*
>
> *Nyungsi* (sungsi) hartina sarua jeung ngajugjug, kecap pagawean, didieu
> ngandung harti aya proses, aya prak-prakanana. Dina prak-prakanana nyungsi
> tangtu aya ugeran atawa ijiran nu sifatna strategi sangkan nu dijugjug teh
> tereh kahontal.
>
> *Sunda*, hiji entitas nu diwatesanan ku rohang (jeung waktu), togmolna
> entitas panggedena nu aya di Jawa Barat Banten. Dina rohang eta aya
> kabeungharan mangrupa alam, manusa (panglobana nu ngaku dirina urang Sunda)
> jeung budayana (material, non material).
>
> *Mandiri* ngandung harti percaya diri, percaya diri kana kahayangna,
> kamampuhna jeung pangaweruhna. Tina susuluk Nyungsi Sunda nu Mandiri, lawang
> pamuka aya dina kecap mandiri tur kecap mandiri leuwih nyoko kana sifat
> individual atawa personal. Hiji entitas (boh nagara, boh pakumpulan) bakal
> weweg lamun disokong ku individu nu percaya diri kana kahayangna, kamampuhna
> jeung pangaweruhna.
>
>
>
> Ngawangun Cupumanik teu beda jeung *tarucing cakra* atawa *acak 
> corak*(puzzle) nu kudu dieusian pikeun ngajejeran Strategi Kabudayaan sangkan
> ngahontal Sunda nu Mandiri. Salah sahiji nu bakal mawa pangaruh sangkan
> mandiri nyaeta kasadaran *literasi*. Literasi atawa maca jeung nulis,
> enas-enasna maca teh bisa ngaderes tur nyurahan pamadegan batur jeung nulis
> teh ngadadarkeun pamadegan urang.
>
> Kudu diaku yen masarakat Sunda kana kasadaran literasi (Sunda) masih handap
> keneh atawa malah beuki nyirorot.
>
> Cek van Peursen mah Strategi Kabudayaan teh proses diajar nepi ka
> ngahasilkeun pamadegan nu diaku ku balarea. Tina Strategi Kabudayaan bakal
> mere ajen identitas ka anggota masarakatna.
>
> Urang Sunda dina hirup jeung huripna aya nu onjoy aya nu kurang onjoy,
> malah teu saeutik nu mere cap kurang hade (stigma), hartina identitas Sunda
> teh aya alusna aya gorengna. Sadar ka palebah dinya geuning strategi
> (kabudayaan Sunda) teh proses diajarna panjang keneh, lamun kitu ulah waka
> ngaku geus hatam ( ngaku Sunda pangalusna, bisi narsis, kurung batokeun,
> autis). Ku kituna Cupumanik mere lolongkrang dina ngama’naan identitas
> Sunda, yen tulisan teh kudu aya unsur rekonstruksi jeung dekonstruksi.
>
> Conto gampangna :
>
> *Dekonstruksi :* eraan, mangga ti/di payun, teu guyub, aing-aingan, poho
> ka sarakan, kurung batokeun, sok korupsi, dikritik sok pundung jste.
>
> *Rekonstruksi : * hade gawe (etos kerja), cageur bageur bener pinter
> wanter, cadu korupsi jste.
>
>
>
> Cupumanik lain majalah panglipur, lain majalah nu mawa angin sorga, tapi
> ubar keur ngahontal Sunda nu Mandiri, kritis ( dekonstruksi, rekonstruksi
> identitas Sunda), najan kitu tulisan nu ditepikeun kudu tetep aya dina
> lulurung etika jeung estetika Sunda. Nepi ka karasana ku nu maca teu nereg,
> tulisan teh kudu *liat, lemes, teu matak baringsang tapi nyeureud (soft,
> smooth, silent but deadly, dicokot tina falasifah martial art, inti penca).
> * Lemes lain hartina make basa lemes da Cupumanik mah geus boga ciri make
> basa loma, tapi lemes teh leuwih kana gaya tulisan, ngaguluyur lir make
> mobil dina jalan hotmix lain dina jalan batu nu garinjul. Ieu teh meureun
> luyu jeung etika Sunda saayeunaeun, urang Sunda teu pati resep ka nu ceplak
> pahang. Estetikana, mun bisa mah artikel mana wae ge tetep nyastra, rada
> murwakanti boh judul boh eusi. Panjang tulisan cukup 5.000 atawa 6.000
> karakter ditambah spasi (4 atawa 5 kaca dina Cupumanik geus kaasup
> ilustrasi, lantaran Cupumanik ukuran A5).
>
> Cupumanik majalah basa Sunda, tapi lain ngan sakadar pindah basa, kudu aya
> bedana jeung media citak lain boh nu make basa Sunda deui komo jeung nu make
> basa nasional mah. Kukituna unggal tulisan satekah polah kudu aya patalina
> jeung Sunda (alam, manusa jeung budayana*)). Conto gampilna aya tulisan nu
> alus ngaguar perkara metafor dina sastra, ngan hanjakal nu dicontokeunana
> novel jeung sajak basa Indonesia, naha teu nyokot conto tina novel jeung
> sajak Sunda?. Pangaweruh nu nulis eta artikel teh luhung ngan hanjakal teu
> wanoh kana sastra Sunda. Kitu deui artikel sejen loba nu sawanda. Cupumanik
> nyekel sikep ieu teh maksudna sangkan *fungsi sosial basa Sunda* kahontal,
> basa Sunda lain ukur hirup dina sastra atawa seni pintonan.
>
> Strategi kabudayaan dina harti nu jembar (proses diajar) lain mangrupa
> undakan wangun piramid, nepi ka aya anggapan dina undak pangluhurna anegleng
> tujuan ideal, bisi kajiret ku dikotomi subyek-obyek. Keur Cupumanik mah
> Strategi Kabudayaan teh lir buleudan masif (bunder?), dina unggal titik dina
> beungeut buleudan (didieu maksadna tarucing cakra atanapi acak corak) aya
> unsur budaya ngawengku *mitis, ontologis jeung fungsional,* darajatna
> sarua pentingna. Jadi tulisan naon bae ge asal aya patalina jeung Sunda
> dianggap penting. Sabab sakabeh unsur budaya eta teh subyek, nu bakal mere
> kabeungharan kana kahirupan  Sunda turta kamajuan (Cupumanik) salila make
> analisis nu rasional.
>
>
>
> Nu ditepikeun di luhur teh mangrupa strategi kabudayaan dina harti proses
> diajar keur Nyungsi Sunda nu Mandiri, ieu susuluk teh kudu jadi rohna
> Cupumanik (keur ditarekahan ku Redaksi, hasil henteuna mah, mangga
> nyanggakeun) . Tapi deuih strategi dina harti taktik (cek kamus mah
> rarancang nu gemet mangrupa kagiatan keur ngahontal tujuan husus, aya wates
> waktu tur aya tolok ukur hasilna) sangkan meunang perang ngalawan media
> sejen.
>
>
>
> Lamun ieu teh strategi sangkan meunang perang ngalawan media citak sejen,
> naha atuh diuar-uar. Kapan ari strategi mah kudu dipikanyaho ukur ku dirina
> (rengrengan ais pangampih upamana). Ah keun bae, sabab Cupumanik mah jembar,
> rek ditiron ku nu sejen ge pek teh teuing, da tujuan utamana mah sangkan
> Sunda mandiri, maju, luhung boga identitas nu hade jste.
>
>
>
> Ka baraya sadayana mangga geura nyerat artikel nu leubeut ku pangaweruh
> luyu sareng widang elmu sewang-sewangan, kintunkeun artikelna ka
> cupumanikmaja...@gmail.com atuh upami bade ngalanggan mangga kontak wae
> kana email eta atanapi ka telepon no. 022-7310625 atanapi kintun serat ka
> Redaksi Cupumanik Jl.Taman Kliningan II No.5 Bandung.
>
>
>
> Pun
>
> Mamat Sasmita.
>
> http://rumahbacabukusunda.blogspot.com
>
>
>
> *) Budaya dina harti nu lega lain harti nu heureut (kasenian wungkul)
>
>
>
>
>
>
>
>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke