Kuring teh keur rada leukeun, sanajan mindeng kaserang panyakit haro(ream), 
macaan carpon. Maca carpon teh mimiti tina buku Kanjut Kundang (Ajip Rosidi). 
tuluy kana buku Sawidak Sarita Pondok, Kanagan, Kanagan2 (kumpulan carpon nu 
kungsi dimuat dina Mangle), buku Lir Cahaya Nyorot Eunteung, Guriang Tujuh, 
Katumbiri (kumpulan majalahna).  Asana kakara sakitu buku antoloji carpon Sunda 
teh, ngan kahade Katumbiri mah kumpulan majalahna tuluy dibundel, lain antologi.
Sababna kuring rada leukeun macaan teh, aya nu keur dikorehan.
Gedena aya tilu kajadian penting (pulitik) dina hirup kumbuhna nagara 
Indonesia, kahiji leupasna ti jaman kolonial jadi jaman kamerdekaan, kadua 
robahna ti jaman orde lama ka jaman orde baru, katilu robahna ti jaman orde 
baru ka jaman reformasi. Pastina urang Sunda ge ulubiung dina robah-robahna eta 
jaman. Pertanyaanana kakemot atawa henteu ku sastrawan (hususna carpon nu 
kungsi dimuat dina media) Sunda?. Naha enya sastra Sunda leuwih nyoko kana 
romatisisme? (panineungan jste)
Lamun rek nalungtik kalawan daria perkara ieu, mimitina kudu nga-inventarisir 
heula media naon bae nu kungsi medal ti mimiti taun 1945 nepi ka kiwari, ieu 
teh lain pagawean memeh mumuluk. Tangtu bakal hese, sabab arsip media teh can 
tangtu aya (didieu meureun kasadaran nga-arsipkeun kudu direkonstruksi, aya 
carana mah yen unggal media nu medal kudu dikirimkeun ka perpustakaan nasional 
sangkan diarsipkeun, Cupumanik rek ngalalanyahan hal ieu).
Sanggeus diinventarisir, neangan bungkeuleukanana, dibaca, hasil maca 
diasupkeun kana form panalungtikan (sastra) ilaharna, jeung satuluyna jeung 
satuluyna. Kahayang teh jadi buku tah meunang maca teh, hanjakalna ngarasa geus 
mopo, mun maca lila panon jadi bureng jeung sok jol panyakit matuh, tunduh.
Aya alusna mun hal ieu teh ditalungtik ku barudak ngora, bisi kapiheulaan ku 
deungeun (Robert Wessing, Win van Janten, Mikihoro Moriyama, Mariko Sasaki, 
Eringha jste). Meungpeung can aya nu nalungtik (aeh enya kitu, atawa kungsi 
meureun ngan disimpen diperpustakaan kampus atawa dina laci meja) 
Memeh jadi buku jieun we artikelna heula heug kirimkeun ka Cupumanik.

MSas

Kirim email ke