mantap mang,

mang mommo, saleresna mah golok ge basa sunda. urang kulon, banten oge
bogor, nyebut bedog teh golok. cek urang kanekes mah golok teh pusaka,
sedengkeun kujang mah pakakas sapopoe paranti nyacar di huma.

mang mommo, saur kang ii sumirat mang mommo teh empu. kuring nyuhunkeun
pisan ka emang kersa ngadadarkeun perkara bedog oge kujang ieu. kumaha
perjalanana kujang tug dugi ka tiasa jadi pakarang pusaka urang sunda. naon
wae pamor nu aya di golok jeung kujang, rupa-rupa wanda simeut meuting,
sarangka, perah.

o muhun, salasaurang kuncen milis ieu ge, wa sasmita, neuleuman kana
golok/bedog, mun teu lepat mah.

nuhun sateuacanna

dudi

2010/7/7 mang mommo <irwanlastia...@gmail.com>

>
>  [Attachment(s) <#129ab30c5466dbc4_TopText> from mang mommo included
> below]
>
> Sampurasun..
> Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
> Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd hoyong
> ngiringan nambih..
> Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
> bedog..
> Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
> wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
> soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
> Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
> bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
> damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
> golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)
> Tah dina sedihna.. Abdi insyaallah moal meneng bae..
> Aya ide bangor.. Saeutik aya kahoyong ngageuing bangsa urg nu mulai hilap
> kana pakarang2 aseli ti lembur.. Nu ceunah tos eleh ti bangsa deungeun..
> Insyaallah moal.. Buktosna mah ningan bangsa deungeun ge niron ti urang..
>
> Aya hiji gambar tina ide baong kalayan abdi nu teu bodo2 acan.. Insyaallah
> padamelan nyalira, henteu ari sae mah.. Ngan mudah2an tiasa ngageuing urang
> sadaya yen pakarang urg ge tiasa di angge keneh dugi ayeuna..
>
> Mangga kahaturan.. Bedog sajengkal tilu ramo, di padu konstruksi fulltang
> khas amerika, di soren ku cordura.. Di papaes ku tali kulit atah, bahan waja
> balik mipih khas tasikmalaya..
>
> Baktos..
>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke