walah kuring salah maca haha... punten mang mommo :) pasti tos terang nya
golok jeung bedog mah.

2010/7/7 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> mantap mang,
>
> mang mommo, saleresna mah golok ge basa sunda. urang kulon, banten oge
> bogor, nyebut bedog teh golok. cek urang kanekes mah golok teh pusaka,
> sedengkeun kujang mah pakakas sapopoe paranti nyacar di huma.
>
> mang mommo, saur kang ii sumirat mang mommo teh empu. kuring nyuhunkeun
> pisan ka emang kersa ngadadarkeun perkara bedog oge kujang ieu. kumaha
> perjalanana kujang tug dugi ka tiasa jadi pakarang pusaka urang sunda. naon
> wae pamor nu aya di golok jeung kujang, rupa-rupa wanda simeut meuting,
> sarangka, perah.
>
> o muhun, salasaurang kuncen milis ieu ge, wa sasmita, neuleuman kana
> golok/bedog, mun teu lepat mah.
>
> nuhun sateuacanna
>
> dudi
>
> 2010/7/7 mang mommo <irwanlastia...@gmail.com>
>
>>
>>  [Attachment(s) <#129ab3b590d29751_129ab30c5466dbc4_TopText> from mang
>> mommo included below]
>>
>> Sampurasun..
>> Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
>> Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd
>> hoyong ngiringan nambih..
>> Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
>> bedog..
>> Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
>> wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
>> soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
>> Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
>> bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
>> damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
>> golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)_,___
>>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke