Balik ka Rangkas, bada gawe ti pabrik Tangerang make bis Rudi , alhamdulillah masih bisa ka udag keneh milu shalat magrib ber-jamaah di mushola sisi ciberang pas burieun kabupaten, kabeneran imam na anak almarhum buya Haji Romli (semoga Allah ngahampura kana sagala kalepatanna jeung narima kana iman islamna), mani pas eta bacaan Qur'an na (lagu jeng tajwidna) nyesep kana hate, geus kebel asana teungarasakan suasana seperti ieu, damai pisan.
Balik ti mushola saperti biasa ngumpul jeung anak pamajikan, mepende anak sare.., jeung noel saemet mah kana bujur pamajikan!. Ngen pikiran mah inget bae eta kana mantang nu kakara dibeuli di pasar gembong balaraja balik gawe tadi. Rancana mah mun geus anak sarare, rek meuleum mantang di imahna mang Wira di sisi ciberang. Imah mang Wira jauh dina disebut layak, lantai na geh taneuh, dinding na bilik jeung hateup na kirai. Dihareupeun imahna aya amben paragi niis, ngumpul ngawadul ngalor ngidul bari nginum kopi jagong jeung babaturan.. sakalianlah ngahibur hate.., mun keur seru mah, kadang kadang debatna geh alabatan anggota DPR. Barang datang ka imahna mang Wira, geus aya mang Engkus keur ngerokan mang Dadang asup angin ceunah geus ngangkat anggoh tadi di ciberang. Puguh Mang Wira na ge ka rumah sakit ! Ceuk Mang Engkus, sabarang ditanyakeun mana Mang Wira (maksud nanya mah rek nitah nyirun seuneu jeng meuleum mantang). Ari kitu kunaon ?, saha nu geuring !? Bari diselangan ku nyesep rokok gentong, mang Engkus carita. Eta nu orok tea, pan geus dua poe panasna ngobrot teu cageur cageur !, urang mah enggeus tadi di rumah sakit, karunya ceunah coba toong kaditu !. Mang Engkus neruskeun penjelasanana. Heueuh geh, urang rek ka rumah sakit heula.. beuneur karunya urang mah ka mang Wira, maklum dari segi ekonomi Mang Wira mah termasuk nu kudu di tulung. Balik ka imah, ngaluarkeun motor butut menang meuli maksa, si cikal nu geus SMP camberut bae, teu boga motor mah hese ceunah rek kaditu ka dieu na.. komo rek les mah jauh ka mandala!, dari pada naek angkot mahal ongkosna. Ngalewatan alun-alun rangkas nu megah jeung endah lampu caang brengbrang, mobil mobil alus ngarentep bari ngaluarkan house music (dag dig dug). Biasana mah anak na bupati geh aya ceunah nongkrong didinya dina mobil BMWna, sound system na geh hargana beak kana 20 jutaan mah.. (ceunah ieu mah, ja urang mah teu ngarti kanu kitu..). Nyimpang heula ka tukang martabak dihareupeun penjara, ngabungkus martabak bisi mang Wira can dahar naon naon. Datang ka rumah sakit ka bangsal dahlia khusus bagian anak, mang Wira cindekul bae, sirahna ngarunduk, matana bintitan, jeung lecek.. rek nanya naon jeun kunaon geh jadi teu wasa. Anakna di bangsal kelas dua nu pinuh ruanganna, aya kana dalapanan mah sa ruangan, lengenna di infus jeung aya selang asup kana irungna. masya Allah dina hate urang muji.. milu ngeneskeun Terus kumaha ieu ?, urang nanya ka Mang Wira. Puguh urang mah bingung!, urang mah pan bisa ngasupkeun anak ka rumah sakit geh make surat keterangan teu mampu ti RT/RW kumaha ceunah urang rek nebusan obat jag isuk.., pan teu kabeh obat aya di apotik rumah sakit. Teu loba omong deui sesa duit menang lembur tadi di Pabrik dibikeun ka mang Wira, lumayan jeung ngabantu meuli obat. Balik ka imah kira kira jam 11 peuting lewat alun alun deui, masih loba keneh nu narongkrong, musikna masih keneh ngajalaledug bari jeung seuseurian.. Urang mah buru buru balik ka imah mang wira, bisi beakeun beulum mantang.. Kapugeran, 08 Desember 2005 Mang Jauhar NB: Kang bonny saparakanca, usul sakeudik, ulah hilap angkat carita penderitaan rakyat lebak baheula jamanna Bupati Adipati Karta Natanagara-Mulatuli, supaya Kang JB (bupati urang) ka jewer ceulina, omat ulah diturutan polah bupati bahela (ngajejek nuhandap, muja kanu diluhureun) masih loba keneh mang wira mang wira nu lainna di Lebak nu butuh bantuan. Tong hilap kang bonny, teu jauh ti pandopo tempat pameran, aya mang Wira nu masih keneh bintit matana..! ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/vbOolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Tetap Semangat Mencintai Banten! Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/wongbanten/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
