Aya hiji patarosan deui:

F. Naon bentenna Perda 5/1996 sareng Perda 6/2003?
Dina artikel PR: http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0705/19/0308.htm
"Sementara itu, disampaikan Tien Wartini, untuk menjawab kebutuhan zaman
yang sudah berkembang pesat, aksara Sunda yang diperkenalkan kembali kepada
masyarakat sesuai Perda No. 6 Tahun 1996. Rangkaian aksara Sunda yang sudah
mengadopsi atau
menyerap beberapa huruf lain dari bahasa latin. Seperti huruf F, V, X, dan
Z. Untuk huruf F diserap menjadi Fa, V diserap menjadi Va,
X diserap menjadi Xa, dan Z diserap menjadi Za."

Nanging, dina artikel Sundanet.com: http://sundanet.com/artikel.php?id=233
"Palaturan Daerah (Perda) No.5 taun 2003 nu ditetepkeun ku pamarentah Daerah
Tingkat I Propinsi Jawa Barat, ngadefinisikeun yen "Aksara Sunda adalah
sistem ortografi hasil kreasi masyarakat Jawa Barat yang meliputi Aksara dan
sistem pengaksaraan untuk menuliskan Bahasa Sunda". Hasil modifikasi garapan
Tim Pengkajian Aksara Sunda dina ieu Loka Karya teh madoman kana: ...... "


Nuhun ah :)

-Dian-

On 05/01/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalaamu 'alaykum,
>
> Basa maca surélék ti kang Ato ieu. Asa kageuingkeun yén hanca garapan
> komputerisasi aksara Sunda anu ayeuna téh teu acan sampurna. Sapuk sareng
> pamendak kang Ato, aya sababaraha kauntungan ngalebetkeun Aksara Sunda kana
> Unicode:
>
> 1)  Aksara anu dipidamel taun kamari (Ngalagena.ttf) mung ngagentoskeun
> tampilan aksara anu aya (siga aksara k latin nganggo font Ngalagena janten
> aksara Sunda 'ka'). Ku ayana Sunda - Unicode, aksara Sunda tiasa
> ditampilkeun paréndéng sareng aksara-aksara sanésna bari teu kedah ngagentos
> font, samodél dina program ngabuka imel, browser, atanapi data téks biasa.
>
> 2)  Unicode tiasa masihan fasilitas sortir (pangurutan) aksara gumantung
> kana urutan aksara aslina. Ayeuna saupami urang nganggo font nu aya (
> Ngalagena.ttf), nyortir aksara sunda teh siga nyortir aksara latin: a ba
> ca da fa ga jst. Nganggo Unicode, urang tiasa ngurutkeun dumasar urutan
> aslina "ka ga nga jst."
>
> 3) Kanggo panalungtikan téks nu nganggo aksara Sunda. Kapayunna
> mesin-mesin paluruh siga 'Google' tiasa nampi ketikan kibor Sunda.
>
> 4) Para ahli aksara percaya yén aksara non-Unicode bakal kagantikeun
> sadayana ku Unicode.
>
> --
> Saterasna, sabada ngimeutan conto-conto proposal aksara anu bakal
> dipadungdengkeun di konsorsium Unicode, aya sawatara patarosan anu teu
> acan kawaler:
>
> A. Susunan aksara Sunda nu leres kumaha?
> Dina artikel http://sundanet.com/artikel.php?id=233 Abah Surya nyerat
> urutanna "KA GA NGA CA JA NYA  TA DA NA PA BA MA YA RA LA WA SA HA SYA KHA
> FA QA VA XA ZA". Nanging dina gambarna mah pan "KA QA GA NGA .. jst." kitu
> ogé dina berkas PDF anu kungsi dikintunkeun Kang Kandar dina ieu milis.
>
> B. Peryogi aturan nyortir aksara tur kekecapan nu bakal nganggo aksara
> ieu, ambéh komputer tiasa nyortir kalayan leres. (Data nu kasortir tiasa
> dipaluruh langkung téréh dibandingkeun data nu teu kasortir). Naha bakal
> nganggo aturan sortir siga Latin baé?
>
> C. Sakedik uraian sajarah aksara Sunda nyalira.
>
> D. Bukti-bukti yén aksara Sunda ieu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Sim
> kuring mendakan plang nami "jalan Lingga Jaya" teras nami gedung Itenas.
> Dupi nu sanésna aya deui?
>
> E. Aksara Bali dina Unicode ngalebetkeun ogé simbol-simbol kanggo nyerat
> musik Bali. Dupi di urang aya nu kitu?
>
> --
> Ningali patarosan-patarosan di luhur, proposal aksara sunda dina Unicode
> kedah kénging kasapukan diantawis: ahli aksara, ahli sajarah, ahli
> komputer, sareng pamaréntah na. Margi pami teu kitu, bilih kasus aksara
> Kamboja (
> http://www.camnet.com.kh/cambodia.daily/selected_features/unicode.htm)
> nimpa ka aksara Sunda. Aksarana tos dikodekeun, nanging aya nu lepat jeung
> aya nu kakantun. Beuratna, saparantos lebet Unicode, moal tiasa dirobih
> atanapi dikirangan. Mung tiasa ditambihan.
>
> Kukituna diantosan pisan informasi salajengna.
>
> Wassalaamu 'alaykum,
> Baktos,
>
> -Dian-


[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke