Upama nitenan kanyataan sosial ayeuna, rada kaharti upama kecap "za fa xa qa 
kha sya" teu aya dina aksara Sunda kuna. Alesanana, sering jadi gunem catur, 
yen urang Sunda (kaasup kuring tangtuna oge) seueur nu sesah ngabedakeun 
ngucapkeun kecap nu make aksara "f", "v" jeung "p". Kitu deui pikeun kecap nu 
make aksara "x" jeung "z". 
   
  Kulantaran kitu, bisa jadi aksara Sunda kuna nu ceuk cenah buyut moyangna 
tina aksara Brahmi ti India teh tos ngalangkungan proses asimilasi sarta 
lokalisasi ku para karuhun Sunda.
   
  Salam,
  MH
  
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Ceuk dina buku nu ngadadarkeun ngeunaan aksara Sunda (boh nu lila nu 
sabagianana kungsi dipostingkeun ka milis, anu dipake citakan aksarana Kang 
Dian, boh dina buku anyar, medal basa KBS di Subang tengah taun kamari), aksara 
za fa xa qa kha sya teh mangrupa panglengkep, teu aya dina aksara Sunda kuna, 
sangkan ejahan nu asalna ti basa deungeun bisa ditulis dina aksara Sunda.

isk

  On 1/10/06, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
Panginten sora-sora anu ditambihkeun dina Sunda Baku (za fa xa qa kha sya) tos 
aya dina Sunda Kuna... Kumaha numutkeun nu langkung ahli?

    On 10/01/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      
Dina aksara sunda aya tambahan nu dikurungan [qa], [za], [fa], [va], [xa], 
[kha] jeung [sya]. Duka naon anu jadi tinimbanganan dina aksara Sunda make 
kedah ditambahan konsonan anyar. Naha pikeun sasadiaan nyerep kecap basa 
deungeun, wallahualam. Manawi aya baraya nu apal? 







=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
 Photo Books. You design it and we’ll bind it!

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke