--- In [email protected], Maman Gantra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Sabab, nu kaharti ku kuring, kumna nu ngilu eta milis, bari jeung
teu bisa atawa teu kaburu maca koran, paling heunteu teu kudu mukaan
website eta koran. Cukup muka email atawa Baraya-Sunda. Warta-warta nu
dianggap penting geus disampakkeun ku Kang Rahman. 
>    
>   Lian ti kitu, kumna anggota bisa silih simbeuh ku komentar jeung
pamanggih sewang-sewangan. Hartina oge, wangkongan teh bisa dipancing


Haturan Kang MGT,

He he he... puguh... pangangguran enya, boga maksud oge enya deuih.
Hampura we ka baraya sakabeh. Teu dipenta oge, kuring mah make hayoh
ngadedet2 maneh nya, ngiriman warta2 anu meureun taya patula-patalina
jeung interes baraya kabeh. Keun bae lah... apan aya tombol
'delete'ieuh! Moal hese asana teh.

Arek disebut naon bae oge kuring rek pasrah we. Ngan kuring boga
kahayang: lian ti mere info baraya, kuring teh hayang 'nguseupan'ideu2
anu aya... utamana mah ngeunaan hal2 anu kontemporer. Gunana loba
pisan, ceuk kuring mah. Lian ti babarengan nyieun OPINI barempug, atuh
susuganan bisa MUCUNGHUL ideu sejen anu anyar tur alus jang kamajuan
bangsa urang. 

Pilihan warta anu dipostingkeun teh enya jadi eunteung pilihan
SUBJEKTIF kuring sorangan. Tapi teu jadi eunteung PAMANGGIH kuring.
Kuring mah boga prinsip TEU PERCAYAAN. Sagala hal oge keur sakuringeun
mah RELATIF. Jadi lamun boga niat rek MEMENER kuring ge kaci
(katingali meureun, lamun ngacapruk teh sok teu euleum2!), asal
argumen na kaharti jeung teu "makulilingan" he he he.

Rek balaka we, kuring sok nyolongan waktu... husus keur mere eupan.
Asa sok jadi ngarasa 'dosa'mun teu ngalakukeun "kawajiban" mostingkeun
warta teh he he he. Kompas jeung PR anu sok dituturkeun teh... anu
sejen na mah hanjakal euweuh waktu na. Jadi lamun aya baraya neangan
sumberna: eta dua koran piisukeun he he he. Kuring mah sok bisa maca
samemeh terbit di RI. Siga nganjang ka pageto! 

Perkara eusi... hampura we, sok sakabulangbentor. Tapi ieu mah jadi
eunteung kuring, SAGALA beuki ;))... naon wae dihuapkeun!

Masalah waktu. Puguh kuring ge nalikung maneh. Lain teu hayang IBADAH
di milis2 sejen! Kuring ngan saukur aktif di milis BS wungkul. Mun teu
kitu... sok kamalinaan! Jadi... kuring ge ngan saukur bisa mairan
imel2 anu asup ka milis BS wungkul. Sabab ngan eta2 na anu sok dibuka
teh, lain teu hayang jeung teu bisa: NALIAN maneh!

>>Ngeunaan Partey Politik Sunda. Ngan, kamari ditingal teh masih keneh
>jalan ditempat. Kumaha, Kang Rahman? Teraskeun ulah ieu teh? Asa
>lebar, tah.

Enya Kang, hanjakal mandeg diskusi teh. Taya nu mairan deui. Malah mah
teu hiji2 kecap acan anu nyabit2 ieu masalah. Ari ceuk kuring mah
urgen pisan ieu teh! Ningali pangalaman batur di UE oge... partey
politik lokal ayeuna keur maceuh! Lamun urang teu ti ayeuna mitembeyan
rek iraha atuh?

Usul atuh Kang! Kumaha lamun Kang MGT ngukuprak anu sejen. Nyieun hiji
seminar (leuh gaya!), jang ngobrolkeun ieu masalah? Kamari kuring
titip ieu topik ka Kang Kumi, sina diobrolkeun di Simpay. Duka pohoeun
duka henteu! Ketah duka daekun duka henteu deuih... Can aya bejana
nepi ka ayeuna.

Sok baraya... urang baliakn deui obrolkeun masalah partey pulitik
(ngumpul jeung itik?). Teu jadi masalah satuju jeung teu satuju... anu
kudu diobrolkeun teh penting henteu na. Mun penting lebah mana penting
na, mun henteu... lebah mana henteuna. 

Asa piraku kudu ngandelkeun batur deui bae?

Baktos,

Rahman (tukang ngalantur tea!)
 





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke