Baraya,

Wilujeng wayah kieu...

Tamba bengong, laleuseuh keneh... balik ngojay jeung barudak. Rek muka acara 
diskusi perkara kekecapan kuring saliwatan dina postingan tiheula perkara 
'talibanisasi' tea. Susuganan nyanggut... da ari perkara bener henteu na mah 
biasana mah kakara bisa dibuktikeun ti tukang. Mudah2an we ieu kekecapan teh 
teu bener... Urang neangan buktina yu?

Bukti kuring anu nomer hiji. Di Sumbar aya anu disebut perda anu NGAWAJIBKEUN 
awewe make jilbab. Teu paduli saha bae oge, muslim... lain muslim, apan cenah 
wajib make jilbab! Naha ieu teh teu overacting kitu? Jeung deui, ceuk kuring 
mah aturan siga kieu teh 'berlawanan'jeung UU anu leuwih luhur. Malah mah jeung 
UUD!

Lamun anu kieu diantep, sigana mah bakal kaluar perda2 sejen anu NGAWAJIBKEUN 
awewe (deui bae!) make BURKA? Siga di Afganistan?

Kuring lain anti jilbab! Ngan lamun aya aturan anu MAKSA batur kudu make 
papakean mah ke heula anan! Kawas nu euweuh pagawean sejen anu urgen? 
Nguruskeun papakean!

Bukti kadua. Intoleransi bangsa urang kana agama sejen. Ceuk warta ge apan imah 
ibadah batur ditutup, diblokir, diruksak.... anu rek ibadah... enya IBADAH ka 
Pangeran... dihalang2! Kasieun kuring... engke titinggal karuhun urang sorangan 
bakal diancurkeun? Borobudur... Prambanan... jlte...?



Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                
---------------------------------
Bring words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke