Kang RH, di lembur oge mimiti "ribut" da eta cenah koran "Rakyat 
Merdeka" dina situsna masang ieu kartun. Lah ....aya-aya wae atuh ieu 
teh. Asa teu tarenang hirup teh.

Sanes Kang RH, kunaon ayeuna urang bule, jiga nu teu raresepeun pisan 
ka urang Islam (baca : urang Arab)? naha gara-gara seueur urang bule 
diculik di Irak kitu? atawa ti kapungkurna kitu?. Tapi upami ningali 
sajarahna mah apan nagara-nagara Arab ayeuna teh "jijieunan" urang 
Inggris da kapungkurna lebet wilayah Kasultanan Turki Othoman. Para 
pangeran Arab, kalebet nu ngadegkeun Arab Saudi, Pangeran Saud, 
dipapanas ku Urang inggris sina barontak ka Kasultanan Turki nu 
disebut "Eropa nu keur gering parna". Tokoh legendaris urang Inggris 
nu "ngabebaskeun" Arab ti Turki, disebatna oge Lawrence of Arabia. 
Janten jigana mah ari kapungkur mah, hubunganana teh "mesra" we. 
Malah seueur apan pangeran2 Arab nu istrina urang bule.

Jigana masalahna kulantaran di nagara-nagara Arab aya nu paling 
penting ayeuna jeung paling dibutuhkeun, energi. Janten weh jadi 
rebutan timana-mana. Ari konflik Israel-Palestina mah ukur panambih, 
da ari konflik mah ditempat sanes oge aya, ngan teu sa"heboh" Israel-
Palestina.

Tah ari kuring nu jadi teu tenang teh, eta minyak. Lamun di Timteng 
rame wae, jeung kacirina bakal pirameeun - Nuklir Iran, Irak, 
Meunangna Hamas di Palestina .........ayeuna gara-gara gambar kartun -
 kabayang yeuh minyak jadi 100 dollar/barrel, di lembur bisa-bisa Rp. 
10.000 saliterna. Beuki ripuh ....... nu ribut di Timur Tengah, 
nu "namru" urang Indonesia!

Baktos,
WALUYA



--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
> 
> Meunang beja.  
> 
> Hiji koran di Yordania Al Shihan oge geus nerbitkeun ieu seri kartun
> tea. Alesanana?
> 
> Loba jelema protes... bari teu nyaho eusi ieu gambar. Jadi lolobana
> ngan saukur protes tuturut munding meureun nya?
> 
> Ceuk eta koran.... Protes teh euweuh hartina, sabab kalah nambahan
> goreng na imej kaum muslimin di mata dunya. 
> 
> Cenah... deuih. Beja ti beja!
> 
> Rh
> 
> 






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke