Kantenan wae kenging pisan Bah Willy, bade sumping ka rorompok mah, Leres Insya Alloh ke sasih Juli bade wangsul ka Karang Tengah, ka bumina pun biang. Kapungkur teh kantos ditaroskeun ka pun biang perkawis mertua bah Willy teh nu pupusna kualatan katabrak tea, mung pun biang mah kirang uningaeun, tapi pami ngadangu aya nu katabraknamah uninga saurna, mung teu patos kenal sareng nu katabrakna nu sihorengteh geuning mertuana Bah Willy. Di sebrangeun Masjid Kaum teh ayeunamah aya perumahan enggal, namina pami teu lepat mah asana Karang Asri, pami bade ka rorompok pun biang, tiasa nganggo jalan perumahan enggal eta, bumi pun biang pang tungtungna, nu wangunan khas sunda, teu upluk aplak da perumahanana, alit mung kirang langkung sahektaran wae luasna. Ayeunamah teu aya deui BRI na, tos dialihkeun deui ka tempat asal caket parapatan nagrak-karang tengah. Ieu ku abdi diuningakeun nomer teleponna : 0266-533533, bilih bade dongkap tiasa nelepon heula.
Baktos Maria ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Wednesday, March 01, 2006 12:57 AM Subject: [Baraya_Sunda] Sweeping Warga Asing di Bandung----->Re: [Urang Sunda] Digest Number 4947 --- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Waduh... punten nya... sigana teh kuring salah tebak yeuh he he he. > Panyana teh Teh Maria bojona Kang Denis. Alesanana: Sukabumi, Kanada, > eta deuih provider na sarua 'videotron'! > Hehehehe .......kang RH, "katipu" ku Kang Denis. Teh Maria teh leres istrina Kang Denis sareng leres pisan Teh Maria teh urang Karangtengah Cibadak SMI, salembur jeung pun bojo, ngan teu kenal, maklum pun bojo mah tadina di Pamuruyan Cibadak (Terminal Cibadak). Teh Maria, bumi teh masih dipengkereun BRI? ari engke mulih teh kadinya? Ke ari kaparengkeun kuring nganteur pun bojo ka lemburna, sareng Kang Denis miwah Teh Maria mulih ( Juli-Agustus sanes?), kuring kenging nganjang henteu? Baktos, WALUYA http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] SPONSORED LINKS Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn Indonesian language course ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "Baraya_Sunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
