Atuh entong kieu nganggap anu ngiring milis teh ngan maca saungkul Sajarah...terus ditempas..aha sajarah mah bohong..rekayasa nu meunang. Sami oge anu aya dina web site eta oge dongeng propaganda..Anu jelas mah.. seueur keneh anu jumeneng anu... ngalaman zaman DI/TII, Permesta/PRRI, kumaha telengesna goromolan, kumaha telengesna TNI...sareng ulah hilap kuma telengesna rakyat anu bales dendam...cobi dialaman...di tahun 1966..oge parantos serem..ningali jalmi dipeuncitan ti kadua belah fihak..khususna antar golongan...Saha anu telenges teh....KABEH PIHAK...
--- borrococoque <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami sim kuring mah percaya - teu percaya dina > perkawis katelengesan > DI/TII. Naha? > > 1. Sejarah Adalah Cerita Pihak Yang Menang > > (kumaha atuh rahayat anu nyaksian/ngalaman/ jadi > korban?) > > 2. Dina peperangan sok aya wae silih fitnah > > Contona kajadian 11/9 tea. Cenah mah eta teh > rekayasa zionis ngarah > masarakat dunya ngewa ka Islam/ Nga-cap Islam = > Teroris. buktina > rebuan urang yahudi di eta gedong teu arasup gawe > pas poe kajadian > 11/9. > > Conto kadua, anyar-anyar ieu, nyaeta kasus > pembunuhan tukang teluh > tea , anu jadi korban2 na teh gening para ustad anu > saroleh - sanes > tukang teluh. Malah salah sahiji pasantren di > Ciparay - anu ustad na > sim kuring kenal pisan - kungsi dijorag ku para > pembunuh "tukang > teluh" tea. Malah kungsi katewak hiji, manehna mawa > daptar jelema2 nu > kudu dipateni. > > Jadi boa2 katelengasan gorombolan teh sabenerna mah > fitnah oge, aya > pihak katilu anu nyoba nyokot kauntungan dina > situasi anu riweuh > (perang segitiga RI - DI/TII - Walanda). > > DI/TII mawa2 ngaran Islam, tah didieu simkuring mah > jadi percaya-teu > percaya kana dongeng katelengesan DI/TII teh. > > Jadi Inget ngeunaan Abu Toto..., Cenah mah DI/TII > teh aya keneh > ayeuna teh, sababaraha taun katukang kungsi heboh ku > Abu Toto Ti Al > Zaitun Tea. > > Ceuk Al Chaidar mah(Kader DI/TII/NII)dina bukuna > (hilap deui > judulna), Abu Toto teh Sempalan DI/TII nu nyoba > nyieun Citra DI/TII > asli jadi goreng. > > Kanggo Bahan diskusi, tah ieu aya artikel ti Isnet > ngeunaan DI/TII : > > 1. http://media.isnet.org/islam/Etc/DI.html > 2. http://media.isnet.org/islam/Etc/NII01.html > 3. http://media.isnet.org/islam/Etc/NII02.html > 4. http://media.isnet.org/islam/Etc/NII03.html > > > > baktos > > AS de borrococoque > > nb: Jadi abdi mah curiga ka PKI ngeunaan > Katelengesan gorombolan > jeung pembunuhan tukang teluh teh. Wallohu Alam > Bishowab > > --- In [email protected], "waluya56" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > --- In [email protected], kumincir > <ia.adnan@> wrote: > > > Lebah tulisan nu ti milis sejen, kuring mah bet > bingung. Naha > > DI/TII bet > > > dikaitkeun jeung ngalawan Walanda? Da asana mah > DI/TII teh ramena > > dina > > > mangsa Walanda geus ingkahti nagara urang... > > > > > > > Sigana manehna maca sajarah SIliwangi. Waktu > Siliwangi Hijrah ka > > Yogya, di Jawa Barat aya kavakuman dina gerilya ka > walanda. Tah nu > > neruskeun ngalawan walanda teh nya pasukan > Kartosuwiryo. Walanda > > nyerbu Yogya, perjanjian Renville gagal, pasukan > Siliwangi teh > > baralik deui ka Jawa Barat, tapi di Jawa Barat > geus aya pasukan > > DI/TII. Didieu mucunghul konflik antara TNI jeung > DI/TII. Salah > > sahiji nu sok sering didongengkeun, nyaeta > kajadian di desa di sisi > > walungan citanduy, Banjar. Pasukan Silwangi nu > datang, disambut ku > > padumuk desa, dibere dahar. Ari pek teh padumuk > Desa geus biluk ka > > DI/TII sadayana. Kadaharan nu disuguhkeun teh > dibere racun. Atuh > > tantara teh ngajaloprak, malah aya nu palastra > sagala. SOal ieu > tiasa > > ditingali dina buku sajarah siliwangi, tapi kuring > oge ngareungeu > ti > > salah-saurang nu salamet teu maot diracun. > > > > > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
