From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Baraya,
> Ieu ge bukti evolusi agama deui bae! Sabab... banding2keun wae tiap
> agama nu aya. Loba pisan patula patalina jeung sasaruaanana. Babi
> haram? Sigana mah asalna ge tina agama Yahudi deuih.

Kang RH, dahareun haram urang Yahudi teh namina teh Kosser food kitu? 
(punten upami lepat nulis). Ceuk beja mah urang Yahudi mah nu haram teh 
salian ti babi oge mahluk laut, salian ti lauk, saperti hurang (udang), 
cumi-cumi, kerang jrrd. Leres henteu eta teh?

Perkawis evolusi agama, di lembur aya buku kenging Karen Armstrong, mantan 
biarawati nu jadi agnostik (atawa atheis kitu?). Buku ieu populer pisan di 
lembur mah, margi Karen Armstrong, "muji" Islam. Tapi terus terang we kuring 
mah acan maca, ukur maca resensina jeung carita ti nu enggeus maca. Lamun 
maca resensina, kuring nyangka nu ditulis ku Karen Armstrong teh "evolusi" 
agama tea. Pangpangna Agama Ibrahim nu sok disebat agama-agama Samawi.

Enya, upama disusud ku elmu pangaweruh mah, kaciri natratna. Ngan ari keur 
kuring mah, soal agama aya dina hate, lain dina uteuk (logika). Saha 
jelemana nu terang hate batur?.  Kapercayaan kana agama, ceuk kuring mah, 
saperti urang bogoh ka lawan jenis. Sanajan ceuk batur, eta nu dipikabogoh 
teh goreng dina sagala hal. Ah da bogoh, nya dikumahakeun deui. Atawa 
sapertos ceuk Kang RH, sanajan ceuk batur jengkol teh bau jeung pait, ih da 
beuki nya blem deui, blem deui dicoelkeun kana sambel tarasi ....

Manusa, mahluk kompleks .......jauh leuwih kompleks dibandingkeun jeung 
"dulur misan"na nu masih gugurayangan dina tatangkalan ...

Baktos,
WALUYA



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke