--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Rahman, manawi uninga, antara agama jeung mitologi, heula mana
> borojolna?
> 

Kang Kumi,

Rek dijawab sabisa2 he he he... Mudah2an we rada nyambung.
Kieu cenah Kang.  

Mun ningali jalma pra sejarah. Tong jauh2... mimiti homo sapiens we.
Geus katara yen manusa awal teh geus boga anu disebut mitologi. Naha
lain disebut agama... Pan ari agama mah geus puguh kriteria na. Hiji
agama BISA disebut agama mun geus asup kana kriteria2na. Perkara
kriteria agama mah longokan we Wikipedia. Panjang teuing mun dipedar mah.

Kumaha mucunghulna mitologi? Eta teh mangrupa upaya manusa pikeun
nerangkeun hal2 anu teu kaasup ku akal na.

Biasana dina mitologi sok 'dijelaskeun' (make tanda petik!) ti mana,
kumaha, iraha bijil na manusa. Terus oge sok nerangkeun kajadian2 alam
anu matak pikahemengeun (keur manusa harita). Guludug misalna, pan sok
dipakuatkaitkeun jeung dewa guludug, naon kagunaanana jlte.

Tah... kadieunakeun kapercayaan siga kieu teh jadi leuwih abstrak.
Loba na Dewa dihijikeun... jadi monoteismeu! Enya henteu na, percaya
henteu na... mah duka teuing.

Mun panasaran... coba tingali dina Wiki. Aya hiji raja Fir'aun
Achneton ... anu ngamimitian gerakan monoteismeu tea! Bisa jadi
manehna dipangaruhan nu sejen. Tapi memang kitu kanyataananan...
SAGALA RUPA anu aya di dunya ROBAH ('berevolusi') tea.

Susuganan aya nu bisa mangdongengkeun ieu masalah... srog lah!

baktos,

Rahman






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke