Kang, Tapi... kumaha mun enya? Mun Iran boga pakarang NUKLIR, terus di bikeun ka kelompok Syiah Al Sadr di Irak atawa Hizbullah di Libanon? Rek kumaha hayoh? Dipake ngagempur Sunni!
Arab Saudi (Sunni) ge moal cicingeun. Menta bantuan Pakistan atawa Amrik? Konflik anu make pakarang biasa saperti ayeuna ge geus hese memenerna. Komo anu make nuklir mah. Anu dipikapaur teh pakarang kuman deuih. Juragan Saddam ge geus maehan bangsa Kurdi ku pakarang siga kieu. Teuing... ningali gambaran dunya ayeuna. Kuring mah MELANG! :(( baktos, Rahman --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ah biasa, jalma nu loba musuhna mah sok loba kasieunna. > Manehna bisa nyieun pakarang nuklir, jadi kasieunan batur nyieun nu sarupa. > kasieunan dipake nyerang manehna. > Manehna bisa nyieun pakarang biologis, jadi kasieunan batur nyieun nu > sarupa. kasieunan dipake nyerang manehna. > Ngarasa jadi bangsa pangbalegna meureun, nya? Ngarasa jadi bangsa nu moralna > paling jejeg? Na ku hawek2 teuing... nepi ka suudon dibeakkeun ku > sorangan... > > Nya intina mah, rek kumaha bae oge, urang teu bisa kitu bae ngatur2 bangsa > deungeun. komo jeung nganggap si eta mah bangkawarah, si itu mah > nurustunjung. Tuh geuning buktina, teu kaop aing bongoh saeutik, gawena teh > ngan ngasah bedog we... Heuheu... Padahal pan bedog teh loba gunana, lain > wungkul jang narok hulu jelema... Komo ayeuna2 rek nyanghareupan lebaran > haji, pan butuh bedog & peso nu seukeut... > > On 11/21/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > 'No proof' of Iran nuclear arms > > Iranian technicians at Isfahan nuclear plant > > Iran insists its nuclear programme is for peaceful purposes > > The US Central Intelligence Agency (CIA) has not found conclusive > > evidence that Iran is developing nuclear weapons, a US magazine has > > reported. > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] >
