Kang, Suni jeung Syiah KOMPAK? DI mana? Teu aya ti ditu na ieu dua kelompok teh kompak. Tingali we... malah bangsa urang ge pipilueun!!! Hayang milu pasea! :((
Ngarah jelas. Baca deui postingan kuring perkara konflik Libanon... meunang nyolong ti BBC. Hizbullah... ayeuna keur ngupayakeun ngadongkel pamarentah sah anu aya. Memang lain ngarah Suni na. Tapi rek MELAK dominasi Syiah! Terus kaitkeun jeung Suriah anu pipilueun din ieu konflik. Keun bae tong diitung faksi nu sejen mah. Tapi natrat pisan asana teh. Paling henteu keru kuring ketah! Cik... saha dalang Hizbullah? Iran! Tah... Sunni Sunni beking na saha cing? Terus runtuykeun jeung kasus2 Irak. Coba itung... sabaraha nu geus paeh ti fihak Sunni jeung Syiah!!! Ceuk saha KOMPAK... KAMPAK meureun! :(( Kuring mah lain goreng sangka atawa alus sangka. Hawatir we nu aya... komo ayeuna maranehna boga kahayang nyieun pakarang anu matih! Sedih mikiranana ge. Naon salah na nyieun anu sejen... jang KAMASLAHATAN rahayat (boh Sunni, boh Syiah!). Nyalahkeun nu sejen mah EUWEUH guna na. Kudu nempo ka jero! baktos, Rahman --- In [email protected], aep saepulloh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres Kang Kumi, abdi ge bade kitu, da di Libanon mah Sunni sareng Syiah mah kompak sanes? > > Jadi suudon deui : di Irak ge sigana Amrik ngadu domba Sunni - Syiah meureun nya?. Da nu nyokot untung tina perang Sunni vs Syiah teh da Amrik sanes? > > Baktos > > Aep S > > > ----- Original Message ---- > From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Monday, November 27, 2006 12:59:41 PM > Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Nu dipikasieun tea! > > Ah da aranjeunna ge meureun gableg kinten2, Kang... > Anu puguh we ayeuna mah... Amerika geus prak make pakarang nuklir & > biologis, nya kitu oge Israel kari nyundut... naha sieunna bet ku nu > lalemah? Heheh... Jaba deuih ku aheng... mun kuring nu jadi kelompok > Hizbulloh, nya nu pangheulana ditarajang teh Israel meureun... > > On 11/24/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > > > Tapi... kumaha mun enya? Mun Iran boga pakarang NUKLIR, terus di > > bikeun ka kelompok Syiah Al Sadr di Irak atawa Hizbullah di Libanon? > > Rek kumaha hayoh? Dipake ngagempur Sunni! > > > > Arab Saudi (Sunni) ge moal cicingeun. Menta bantuan Pakistan atawa Amrik? > > > > Konflik anu make pakarang biasa saperti ayeuna ge geus hese memenerna. > > Komo anu make nuklir mah. > > > > Anu dipikapaur teh pakarang kuman deuih. Juragan Saddam ge geus maehan > > bangsa Kurdi ku pakarang siga kieu. > > > > Teuing... ningali gambaran dunya ayeuna. Kuring mah MELANG! :(( > > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > > > > ____________________________________________________________________________________ > Yahoo! Music Unlimited > Access over 1 million songs. > http://music.yahoo.com/unlimited > > [Non-text portions of this message have been removed] >
