Kang Kumi, Tah... justru eta pisan anu kurang 'disadari' (poho deui BS na euy!) kerung mikiran yeuh.
Pan jelema teh lolobana mah, rek disebut KABEH ge kaci sigana mah... boga ageman teh kusabab KATURUNAN. Kuring ge nya kitu tea... Kusabab kuring lahir di kulawarga muslim... otomatis JADI muslim. Teu inget... itaha2na kuring MILIH Islam jadi ageman. Naon hubunganana ieu kanyataan jeung matematik? Kieu... Loba jalma anu sok ngarasa PANGBENERNA. Ngarasa agemanana pangalusna, siga formula matematika. Tah, sikep nu siga kieu ngan jadi modal pikatugenaheun. Komo make nyabit2 naraka atawa sawarga mah. Lain keukeuh... sikep nu kieu ku urang kudu dirautan saeutik2. Saba ieu teh BIANG pacengkadan. Mun rek ngarasa pangbenerna oge KACI. Tapi ulah awong2an sisirintil ka batur, keur sorangan we. MILIH agama? Ah, eta mah dina pangimpian wungkul. Paling ngan sabaraha persen anu bener2 milih mah. Kitu ge can tangtu dipilih make kriteria obyektif. baktos, Rahman --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mun teu salah mah unggal jalma boga pilihan pikeun nangtukeun hirup-huripna > di alam dunya. Misalna Kang Rahman nu lahir di lingkungan muslim, kapan teu > nutup kamungkinan, misalna, asup Islam. Eh, bedul teh... salah... heheh... > Kapan jaman kiwari (jaman baheula oge ketang) mah teu aneh jalma pindah > ageman... Jadi, meureun masalah otomatis teh bisa dikoreksi atawa dirobah... > > Rahman <[EMAIL PROTECTED] <rsyaifoel%40yahoo.com>> wrote: > > Kasimpulan. Percaya atawa teu percaya kana agama, pakuat pakait jeung > > lingkngan hirup kumbuh urang. Mun kuring kabeneran dilahirkeun di > > Tibet, saha nu nyaho kuring jadi Dalai Lama? Tapi kuring KABENERAN > > dilahirkeun di kulawarga supir masjid... otomatis kuring jadi Muslim. > > Pernah milih sorangan jadi muslim? Sing sumpah HENTEU! > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] >
