--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari ceuk abdi mah dongeng sufi teh rada cenderung
> ngagampangkeun hirup..sareng rada kirang jelas
> "rationale" nya....lamun ditaroskeun..jawabanna teh
> "tingkat tinggi" (saleresna ceuk abdi mah teu tiasa
> ngajawab)
> 

Sapuk pisan kang. Sesah kanggo nganiley leres henteuna
dongeng sufi, da sakapeung mah teu saluyu sareng
kaumuman (logika fisik manusa).

> 
> --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 

> Bagdhad ..... Tapi kaum sufi/cendikiawan ieu teu
> dipikaresep ku kaum 
> Sunni nu puritan, komo ku faham Salafi/Wahabi mah.

Sakaterang abdi redaksina henteu kitu kang, nu teu
dipikaresep ku kaum Salafi/Wahabi teh kaum sufi nu sok
promosi  pangalaman spiritual pribadina supaya
diterapkeun oge ku batur. Panginten, upami leres oge
kenging hidayah ti Allah teh berlaku keur ka dirina
sorangan, can tangtu ka batur. Tos seueur kajantenan
murid2na kaum sufi nu jadi lieur, cenah mah teu
kataekan. Kusabab eta dakwahna ulama Salafi/Wahabi
umajak supados nyontoan nu pernah dipilampah ku nabi
tinimbang ka ijtihad atanapi pangalaman spiritual
pribadi2. Wallahu alam.

Wassalam
Lutfi

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke