--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Loba jelema begedog, angkuh, sombong ngarasa maneh pangjagona jeung > pangdeukeutna jeung PAngeran. Malah mah geus ngarasa boga kavling > di sawarga. Nganggap nu sejen geus dikavlingkeun di naraka.
Tah perkara ieu, tadi isuk-isuk (Waktu Indonesia Kulon) kuring maca saliwatan koran Tribun Jabar soal ayana pagesek, suasana panas dina Diklat (pendidikan & Latihan) soal Islam. Nu ceramah, sigana hohoak, nyebut kolompok sanes sesat. Tah kabeneran nu disebut "sesat" teh ngiluan Diklat. atuh papada "walk out". Enjingna, kulantaran gaduh massa ageung, nu disebut "sesat" teh ngabereyek ka tempat diklat, hiji masjid di Bandung. Untungna pulisi kabujeng dongkap, dijagaan tepi ka anggeusna diklat eta. Coba, lamun teu aya pulisi ..... Baktos, WALUYA
