murugul mah teu kudu diteangan kecap dasarna, da memang eta mah kecap dasar,
sarua jeung bedegong, teu bisa kitu bae dibandingkeun jeung kecap murudul.
Najan polana siga nu sarua, tapi pan ceuk Aki Eho ge siga mah jauh ka enya,
sarua jeung ampir bae anu oge tebih ka heueuh. Biasana, upama teu kapendak
entrina, kadang aya dina entri kecap2 sejen anu saharti.

On 1/9/07, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Dikotektak dina kamus (LBSS jeung Eringa), weleh teu kapanggih kecap
> muruGul mah.
>
> Kuring boga teori siga kieu.
>
> Ari dasar kecap murudul mah apan udul, hartina lalesotan, maruragan
> (tina beungkeutan), pokona mah anu asalna napel ... jadi teu napel.
>
> Anu jadi masalah teh, naon kecap dasar murugul? Sabab kecap dasar
> 'ugul'mah... asa teu manggihan!
>
> Sigana mah aya analogi kieu. Bisa jadi dikantetkeun kana kecap 'dugul'
> alias gundul bin botak. Jadi muruGul... gundul?
>
> Teuing ketah ah... teori ngaran na ge.
>
> Tapi ari ceuk rasa basa kuring mah, ieu dua kecap teh SARUA hartina.
> Asa aya hadena mun harti anu beda (dina basa wewengkon) dikumpulkeun
> di dieu. Susuganan aya mangpaatna.
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke