--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Balik kana istilah 'gelombang'. Sigana mah asa leuwih payus mun
> dipadanan ku kecap 'lambak'we. Ieu kecap dibere harti anu leuwih 
> luas.
> Misalna ieu kecap bisa dipake keur ngaganti kecap frekuensi (radio)
> (?), anu ngandung harti gelombang tea.
> 
> Mimitina mah memang karasa aneh, tapi mun geus loba nu makena mah...
> jadi biasa geura.
> 
> Anu jadi beungbeurat kuring dipakena kecap 'gelombang'teh, bakal hese
> ngalarapkeunana dina kalimah Sunda. Kumaha narjamahkeunana
> 'bergelombang'? Jadi lolombangan kitu he he he. Tah, lebah lambak 
> mah,
> pan bisa jadi lalambakan jang padanan 'bergelombang'?

Lambak Kang? kecap nu jarang kareungeu ku kuring (atawa malah nembe 
terang ayeuna). Tapi kuring satuju upami hartos asli lambak rada 
ngaharib-harib kana "gelombang". Jadi meureun "tanah bergelombang" 
tiasa ditarjamahkeun jadi "taneuh ngalambak" kitu?

Sok atuh ka baraya nu sanesna, kumaha pamendakna, supados Basa Sunda 
teh jadi basa "elmu pangaweruh" ...

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke