Kang Rahman, parantos ngalih katempat anyar, kamari abdi ngawengi
dirumah sakit sawengi, demam/panas. Saur suster anu ngarawat abdi
ceunah mireng abdi ujug-ujug jejeritan, ari kuabdi teh dijawab "harita
teh abdi ngimpi diudag-udag kumonster dibumi itu", suster naros deui
"Monster naon?" ceuk abdi teh duka teuing da ngan ngabelegedeur
hideung ngudag-ngudag abdi he..he..he.. harita teh pada seuri, nembean
tadi enjing abdi mulih, hoyong berobat jalan, teu betah dirumah sakit
mah barau obat. Keur mah abdi mah sieun kusalah sahiji dokterna mani
jangkung hampir nyampe sapunjul panto, hirung na teh mani ageung,
panon-na teh hejo, ah .. asa ningali monster he..he..he..

Bade titirah mulih kalembur kang Rahman, sigana mah sakit demam kangen
ka Indonesia....

Sigana mah ari jurig Bule mah dipasihan peuteuy panginteun sieuneun
he..he..he..

Hatur nuhun,
Nn

Kirim email ke