--- In [email protected], "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Waluya, sabaraha jam upami ti Jakarta(Bandara Soe-Hatta)lewat > Bogor/puncak - Bandung - Kuningan ?
Gumantung jam sareng dintenna Teh Nenen. Upami dinten didamel (Senen- Jumaah), nu bakal lami teh ti Cengkareng ka Jagorawina, tiasa 2- 3 jamna. Tapi upami dinten libur, di jakartana teu aya masalah, ngan di Puncakna macet. Urang kira-kira we nya, Cengkareng-Ciawi = 2-3 jam, Ciawi- Pintu Toll Padalarang = 2-3 jam. Upami lebet ka kota Bandung, keuna macet, tapi upami langsung ka Cileunyi ngalangkungan tol, macetna ukur di Jatinangor (UNPAD). Pintu Toll Padalarang - Cileunyi- Sumedang-Kuningan = 4 - 5 jam. Janten kirang langkung peryogi waktos 8-11 jam, ti Bandara ka kuningan teh, upami ngalangkung ka Puncak mah .... Baktos, WALUYA
